Kamis, 24 Juli 2008

SULTAN AGENG TIRTAYASA

Sultan Ageng Tirtayasa pituin urang Banten. Lahir taun 1631. Jenengan aslina Abu’l Fath Abdulfattah. Anjeunna diangkat jadi Sultan Banten taun 1651. Nalika yuswa anjeunna 20 taun. Katelah Sultan Ageng Tirtayasa, ku margi saparantos sepuh anjeunna linggih di Karaton Tirtayasa.

Dina mangsa anjeunna jeneng sultan, Banten téh kaasup kasultanan anu maju. Maju dina sagala widangna, boh agamana, boh ékonomina. Kitu deui jeung widang pertahanan kaamananana. Banten aya dina mangsa puncak kajayaanana.

Dina widanga agama, Banten jadi puseur kagiatan nyebarkeun agama Islam. Utamana di tungtung Pulo Jawa Beulah kulon jeung Pulo Sumatra Beulah kidul. Éta kagiatan téh diluluguan ku Syéh Yusuf Tajul Khalwati, anu harita jadi Mufti Karajaan Banten.

Pikeun ngaronjatkeun kahirupan rahayatna, Sultan Ageng nyieun sawah-sawah anyar. Ngahadéan sawatara walungan anu aya di Kasultanan Banten. Salian ti pikeun nyaian tatanén, éta walungan-walungan téh bisa dipaké patalimarga ngagunakeun parahu.

Palabuan Banten kaasup palabuan anu gedé Kapal-kapal dagang ti mancanagara larsup ka Palabuan Ban¬ten. Aya anu ti Nagri Cina, India, malah anu ti Éropa ogé aya. Éta kapal-kapal téh mawa rupa-rupa barang, anu engkéna ditukeurkeun jeung hasil bumi ti Banten. Pangpangna mah sahang atawa pedes katut rempah-rempah lianna.

Kaayaan sarupa kitu téh, henteu pikaresepeun pikeun Kumpeni mah. Kumpeni téh nyaéta pausahaan bangsa Walanda anu disebut VOC téa. Harita Kumpeni geus nyieun benténg di Batavia. Ku urang Sunda mah sok disebut Batawi, anu ayeuna jadi Jakarta.

Ti Batavia Kumpeni museurkeun kagiatanana pikeun ngamonopoli perdagangan di Nusantara. Kahayang Kumpeni, sakur nagara anu aya di Nusantara, ulah ngayakeun hubungan dagang jeung nagara séjén. Ngan kudu jeung manéhna baé. Utamana mah jual-beuli rempah-rempah kayaning cengkéh, pala, jeung pedes.

Upama aya nagara anu nolak kana kahayangna, diperangan. Nepi ka loba nagara anu dijajah atawa serah bongkokan ka Kumpeni. Ari sababna, Kumpeni teh boga loba soldaduna sarta tohaga pakarangna.

Kumpeni hayang ngamonopoli perdagangan di Palabuan Banten. Kahayangna mah urang Banten kudu ngajual hasil bumi jeung barang lianna ka Kumpeni. Kitu deui kapal-kapal asing anu rék meuli barang ti Palabuan Banten, meulina téh kudu ka Kumpeni.

Kahayang Kumpeni kitu téh ditolak sapajodogan ku Sultan Ageng Tirtayasa. Sultan Ageng henteu gimir, henteu galideur. Mémang ti saméméhna ogé Sultan Ageng téh henteu resepeun ka Kumpeni. Ari sababna, Kumpeni mah pelit jeung licik. Mindeng ngarempak jangji, asal nguntungkeun keur pihakna baé. Malah Kumpeni téh dianggap musuh utama urang Banten.

Kawas anu ngahajakeun pisan urang Banten téh. Ti harita terus baé ngaganggu Kumpeni, boh di darat boh di laut. Di darat, soldadu Kumpeni anu keur patroli, dicaregatan ku gerilya Banten. Henteu cukup ku kitu, loba pos-pos Kumpeni diserang ku pasukan Banten.

Di laut ogé kitu. Kapal-kapal Kumpeni anu keur patroli mindeng dicegat ku armada Banten. Dibuburak sina jauh ti wilayah Kasultanan Banten. Ari kapal-kapalna anu mawa barang dagangan, mindeng dibajo ku rahayat Banten. Kituna téh ngan ka kapal-kapal Walanda wé. Da ari ka kapal-kapal nagara séjén mah henteu.

Nénjo kaayaan kitu, Kumpeni ogé henteu cicingeun. Pikeun males serangan-serangan rahayat Banten téa, Kumpeni ngablokadeu Palabuan Bantun. Maksudna sangkan kapal-kapal ti mancanagara ulah aya anu asup ka Palabuan Banten. Kitu deui kapal-kapal dagang Banten, ulah nepi ka bisa kaluar ti palabuanana.

Tapi armada Banten bisa norobos eta blokadeu. Kapal-kapal Kumpeni anu ngablokadeu téa, diperangan ku armada Banten. Kumpeni katétér. Ahirna ngacir ninggalkeun wilayah laut Banten. Mémang, harita mah Banten téh mibanda angkatan laut anu kawilang tanggoh.

Kumpeni beuki hésé asup ka Palabuan Banten. Komo deui Sultan Ageng Tirtayasa geus ngayakeun hubungan sarta gawé bareng jeung padagang-padagang Éropah lianna. Kapal-kapal dagang Inggris jeung Dénmark bisa bébas meulian sahang di sakuliah Kasultanan Banten.

Éta kajadian téh matak gimir paragegedén Banten di Batavia. Maranéhna mimiti geumpeur nyanghareupan pasukan Banten anu gedé wawanén. Kumpeni nyieun taktik anyar. Tuluy baé ngirim utusan ka Banten pikeun badami jeung Sultan Ageng Tirtayasa

Utusan Kumpeni datangna ka Surosowan téh henteu léngoh, tapi rébo ku babawaan. Mawa rupa-rupa barang berharga kayaning emas, inten, berlian, jeung supenir lianna. Maksudna mah hadiah pikeun Sultan Ageng Tirtayasa.
Utusan Kumpeni téh ngajak babadamian. Ti dinya Kumpeni ngasongkeun sababaraha usul. Tapi usulna ditolak ku Sultan Ageng. Ari sababna, anu diajukeunana leuwih loba ngarugikeun pihak Banten. Lamun éta usul ditarima, ceuk pamikir Sultan Ageng, kamerdékaan jeung kadaulatan Banten bisa leu¬ngit.
Utusan Kumpeni balik deui ka Batavia bari henteu mawa hasil nanaon. Anu puguh mah, ku ditolakna usul Kumpeni téh, sarua baé jeung nangtang perang. Kaayaan beuki rengkeng baé. Tapi Sultan Ageng henteu gimir ku Kumpeni, anu dipikasieun ku karajaan séjén di Nusantara.

Sultan Ageng nyiapkeun pasukanana pikeun nyanghareupan sagala kamungkinan. Pasukanana ditambahan deui, boh di darat boh di laut. Malah henteu saeutik rahayat Banten anu sukaréla jadi prajurit pikeun ngabéla lemah caina.

Pasukan Banten henteu eureun-eureun ngaganggu Kumpeni. Nepi ka hiji mangsa, dua kapal patroli Kumpeni pasangrok jeung armada Banten di tengah laut. Der baé perang. Kapal patroli Kumpeni teu bisa ngayonan armada Banten. Kapal patroli Kumpeni diruksan sarta dicaremkeun ku armada Banten.

Barang ngadéngé éta béja, gegedén Kumpeni di Batavia kacida ambekna. Tuluy baé atuh mepek balad. Maksudna arék ngarurug Banten. Ari tentara Kumpeni téh lolobana mah bangsa urang kénéh. Anu matak sok disarebut Walanda Hideung. Da urang Walandana mah jaradi pamingpin pasukanana.
Banten dirurug ku pasukan Kumpeni ti darat jeung ti laut. Tapi pasukan Banten enggeus siap pikeun nyanghareupanana. Kapal-kapal perang Kumpeni dicegat ku armada Banten di tengah laut. Di laut Kumpeni kariripuhan, nepi ka kudu ngadatangkeun kapal perang tambahan ti Maluku.

Sanggeus kitu mah, kakara aya sababaraha kapal perang Kumpeni anu bisa lolos ngadeukeutan puseur dayeuh Kasultanan Banten. Tapi angger baé kariripuhan. Ari sababna, geus disampakkeun belasan mariem anu ngadangong di basisir Banten. Nepi ka loba kapal perang Kumpeni anu ruksak dihantem pélor mariem.

Perang rongkah ogé lumangsung di darat. Anu pangrongkahna mah perang di tapel wates Banten-Batavia, nyaéta di wewengkon Angké, Tangerang. Perang ragot méh unggal poé. Bangké patulayah di mana-mana. Tapi lolobana mah bangké prajurit Kumpeni anu disebut Walanda Hideung téa.

Perang salila sataun. Can aya anu éléh jeung anu meunang. Ngan umumna mah paraprajurit Banten bisa ngadéséh pasukan Kumpeni. Padahal pasukan Kumpeni leuwih loba jeung leuwih tohaga pakarangna.
Nénjo kaayaan kitu, Kumpeni ngusulkeun deui babadamian. Ari sababna, salian ti loba prajuritna anu korban téh, Kumpeni kudu ngaluarkeun waragada perang anu saeutik. Mangkaning anu kudu disanghareupan ku Kumpeni téh lain Banten wungkul.

Ayeuna mah usul Kumpeni téh ditarima ku Sultan Ageng. Banten jeung Kumpeni ngayakeun gencatan senjata. Sultan Ageng narima kana éta usul, dumasar kana pertimbangan, karunya ka rahayatna anu kahirupanana balangsak alatan perang.

Hanjakal, rapihna Banten jeung Kumpeni téh ngan dua belas taun. Hubungan Sultan Ageng jeung Kumpeni téh rengkeng deui. Ari sababna, Kumpeni ngayakeun rupa-rupa réka perdaya pikeun ngawasa Kasultanan Banten. Ngan ayeuna mah taktikna béda. Kumpeni mimiti ngajalankeun pulitik adu domba.

Ayeuna mah salian ti ngalawan Kumpeni téh, Sultan Ageng ogé kudu ngalawan pasukan Sultan Haji deuih. Ari Sultan Haji téh putra Sultan Ageng, anu digadangkeun baris jadi Sultan Banten. Sanajan Sultan Haji téh putra pituin Sultan Ageng, tapi watek jeung pasipatanana béda pisan jeung bapana. Sultan Haji resep curak-curak jeung sukan-sukan. Malah dina tingkah paripolah jeung campur-gaulna ogé, Sultan Haji mah leuwih deukeut ka bangsa Walanda ti batan jeung bangsana sorangan. Sikepna ogé henteu kukuh-pengkuh cara Sultan Ageng deuih.

Kaayaan sarupa kitu téh, dipaké kasempetan ku Kum¬peni pikeun ngajalankeun pulitik adu domba téa. Kumpeni ngadeukeutan Sultan Haji. Diwawoy ku rupa-rupa kasenangan lahir. Malah diangsonan supaya baha ka nu jadi kolotna, nyaéta Sultan Ageng.

Tarékah Kumpeni téh hasil. Ahirna Sultan Haji leuwih deukeut ka Kumpeni tibatan ka bangsana surangan. Leuwih percaya ka Kumpeni tibatan ka bapana sorangan. Lamun aya nanaon, Sultan Haji sok ngajak badamina téh ka bangsa Walanda. Komo sanggeus Sultan Ageng eureun tina mancén ngurus pamaréntahan sapopoé mah.

Éta pancén dipasrahkeun ka Sultan Haji. Sultan Ageng ukur nyekel urusan jero karaton, di Karaton Tirtayasa. Ari Sultan Haji, angger ngaratonna di Karaton Surosowan. Puguh baé, Kum¬peni téh beuki laluasa enggoning ngajalankeun pulitik adu¬dornbana téa.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sultan Ageng kacida hanjeluna. Kumpeni téh musuh gerot Sultan Ageng. Malah bisa disebutkeun sagala kawijaksanaan pamaréntahanana ogé, ditujulkeun pikeun nyanghareupan Kumpeni. Ari ku nu jadi anak bet kalah diraketan.

Diomongan mah diomongan, kalah bosen anu ngomongan. Ti batan nurut, kalah ka ngalawan ku punduk. Nepi ka hiji mangsa mah Sultan Ageng béak kasaharanana. Pék mepek balad di Tirtayasa, terus nyerang Sultan Haji di Surosowan. Maksudna taya lian, pikeun ngawarah ka nu jadi anak.
Tapi Sultan Haji henteu surti. Manéhna kalah ngalolos ti Surosowan, ménta bantuan ka Kumpeni di Batavia. Puguh wé pikeun Kumpeni mah asa mobok manggih gorowong. Da mémang kitu kahayangna. Paménta Sultan Haji ditedunan.

Der baé perang di Surosowan. Perang antara anak jeung bapa. Perang sadulur, pasukan Banten anu satia ka Sultan Ageng ngalawan pasukan Banten anu satia ka Sultan Haji. Pasukan Sultan Ageng kadéséh, sabab éléh loba ku pasukan Sultan Haji anu dibantuan ku pasukan Kumpeni.

Sultan Ageng jeung pasukanana ngalolos ka Leuweung Kranggan. Sultan Ageng diba¬réngan ku Pangéran Purbaya, adina Sultan Haji, jeung sababaraha kapetenganana saperti Syéh Yusuf, Pangéran Kidul, jeung Pangéran Kulon.

Di Leuweung Kranggan, Sultan Ageng saparakanca terus ngayakeun per-lawanan ka Kumpeni, ngagunakeun taktik gerilya. Nya teu burung kariripuhan ogé Kumpeni téh. Tuluy bae nyieun siasat anyar. Kumpeni nitah ka Sultan Haji sangkan nyuratan ka bapana.

Eusi éta surat téh ménta sangkan Sultan Ageng daék balik ka Surosowan. Dina éta surat ditétélakeun, Sultan Haji ngajamin baris méré kabébasan jeung kamerdékaan ka Sultan Ageng. Sultan Ageng daék nohonan éta pameredih, sabab percaya yén anakna moal jalir jangji.

Barang Sultan Ageng nepi ka Surosowan, harita kénéh ditangkep ku Kum¬peni. Terus dibawa ka Batavia sarta dipanjara di hiji benténg anu tohaga. Nepi ka wapatna di dinya. Jadi, Sultan Ageng mah beunangna téh ku réka-perdaya Kumpeni Walanda. Sultan Ageng wapat dina taun 1683 sarta dimakamkeun di deukeut Masjid Agung Banten.

Salengkepna......

RD. DEWI SARTIKA

Gelar pahlawan téh lain keur kaom pria baé.
Kaom wanita ogé loba anu jadi pahlawan.
Cing, saha pahlawan wanita ti Jawa Barat?
Bener, Ibu Déwi Sartika.
Jenengan lengkepna mah Ibu Radén Déwi Sartika.
Anjeunna téh tiasa disebat
Pahlawan Pendidikan Kaom Wanita.
Tiasa ogé disebat Pahlawan Émansipasi Wanita.
Ari ku pamaréntah mah dilélér gelar
Pahlawan Pergerakan Nasional.

Ibu Déwi Sartika téh dibabarkeun di Bandung,
kaping 4 Désémber 1884.
Ramana, Radén Rangga Somanagara,
Patih Bandung harita.
Ari ibuna, Radén Ajeng Rajapermas,
putra istri Bupati Bandung,
anu kakoncara Dalem Bintang.
Janten masih kénéh teureuh ménak Bandung.

Pa Somanagara téh ménak nu maju pikiranana.
Ibu Déwi disakolakeun ka sakola Kelas Hiji.
Jaman harita mah langka atuh,
malah bisa jadi euweuh,
budak awéwé bangsa urang anu sakola téh.
Apan masih kénéh baroga anggapan,
yén awéwé mah sanajan sakola luhur ogé,
blusna mah ka dapur-dapur kénéh baé.
Ngawulaan salaki jeung ngurus anak.

Hanjakal teu lila sakolana Ibu Déwi téh.
Kudu eureun di Kelas 2B.
Tapi henteu mareuman sumanget Ibu Déwi
pikeun diajar jeung nyuprih élmu.
Ibu Déwi diajar rupa-rupa pangaweruh
jeung rupa-rupa kaparigelan di bumina.
Mémang Ibu Déwi téh miboga sumanget diajar
anu luar biasa tur salawasna daria deuih.

Pa Somanagara boga jiwa nasionalis nu kuat.
Anjeunna wani ngalawan kahayang kaom penjajah,
nyaéta Pamaréntah Hindia Walanda.
Anjeunna sering mépélingan ka rahayat,
sangkan miboga harga diri salaku hiji bangsa.
Sikep kitu téh henteu dipikaresep ku penjajah mah.
Ditegor mah ditegor, tapi taya robahna.
Malah sikep Pa Somanagara téh beuki wani baé.

Ku lantaran dianggap ngabahayakeun,
Pa Somanagara dihukum buang ka Ternaté,
tempat anu kaitung jauh ti Pulo Jawa mah.
Istrina ogé milu ka Ternaté.
Ari Ibu Déwi mah henteu dibawa,
dipihapékeun ka uana di Cicaléngka,
nyaéta ka Radén Demang Suria Kartahadiningrat,
anu katelah Aria Patih Cicaléngka.

Umur salapan taun harita téh,
Ibu Déwi geus kudu papisah jeung kolot.
Cicing jeung uana di Cicaléngka.
Sanajan sasatna cicing di kolot sorangan,
tapi jajauheun kana dipupujuhkeun.
Tempat cicingna ogé diperenahkeun di tukang.
Ngahiji jeung tukang kuda, tukang kebon,
katut badéga-badéga séjénna.
Ari sababna, pédah kolotna keur dihukum buang.
Dianggap geus ngawiwirang kulawarga.

Ibu Déwi nadah éta kaayaan kalawan sabar.
Kasedihna dibangbalérkeun kana pagawéan.
Salian ti migawé pancén sapopoéna,
Ibu Déwi masih sempet diajar rupa-rupa
kaparigelan jeung kabinangkitan awéwé.
Masak, nyulam, ngabordél, jeung sajabana.
Tapi angger ari lebah ulinna mah,
leuwih raket jeung anak paratukang téa baé.

Anléhna kana ngaguruan geus témbong
ti keur di Cicaléngka kénéh.
Upama keur ulin di tukang
jeung barudak paratukang katut badéga,
Ibu Déwi sok sasakolaan.
Tempatna di istal, sabakna ku kenténg,
ari geripna ku areng atawa apu.
Barudak téh di dinya sina diajar
maca, nulis, jeung ngitung.

Nincak umur Bu Déwi mangsa rumaja,
sikep kulawarga Aria Patih henteu robah.
Ibu Déwi angger dianggap anak jalma buangan
anu darajatna dianggap geus ngagejrét.
Unggal poé dibelekesekkeun kana gawé.
Rupa-rupa pagawéan ditangkes ku Ibu Déwi.
Ngahaja pagawéan téh didap¬tar,
ambéh taya nu kaliwat.

Salasahiji pancén Ibu Déwi téh
nyaéta nganteur kapilanceukna
kursus basa Walanda, maca, jeung nulis,
ka salasaurang Nyonya Walanda.
Ku lantaran karepna anu gedé pikeun diajar,
dibarung ku uteukna anu éncér,
Ibu Déwi bisa nangkep anu diajarkeun téa,
ku cara ngaregepkeun ti satukangeun panto.

Ti poé ka poé, kahirupan téh taya robahna.
Kahirupan kaom wanitana alam harita
anu kabandungan ku Ibu Déwi,
angger ngeuyeumbeu, taya kamajuanana.
Kaom wanita teu meunang mapakan kaom pria,
komo mun nepi ka ngaleuwihan mah.
Nya antukna ukur ulukutek di dapur.
Taya tarékah anu hayang leuwih ti kitu.
Nu matak teu anéh harita mah carang pisan
barudak awéwé anu paham kana aksara téh.

Salian ti éta Ibu Déwi ogé nengetan,
kaomna bet kudu guman¬tung baé ka kaom pria.
Jeung loba anu masih kénéh boga anggapan,
darajat kaom wanita sahandapeun kaom pria.
Éta nu ngahudang kasadaran Ibu Déwi
pikeun ngamajukeun kaomna téh.
Jalanna kudu ngaliwatan pendidikan.
Hartina, kudu aya sakola anu husus
diajangkeun pikeun kaom wanita,
sangkan bisa satata jeung kaom pria.

Pikeun ngawujudkeun cita-citana,
tangtu waé moal bisa kalaksanakeun,
lamun angger cicing di Cicaléngka mah.
Hartina, kudu pindah ti dinya.
Anu aya dina eronganana téh
nyaéta Pendopo Kabupatén Bandung.
Katambah deuih harita téh
ibuna tos mulih deui ka Bandung,
sabada ramana ngantunkeun di Ternaté.

Ibu Déwi ngalih deui ka Bandung.
Teras ménta tulung ka Bupati Bandung,
nyaéta Bupati R.A.A. Martanagara,
anu pikiranana dianggap leuwih maju
dibandingkeun jeung uana nu di Cicaléngka.
Ibu Déwi ka bupati téh masih kénéh pernah ua.
Di payuneun Bupati Bandung,
Ibu Déwi nyaritakeun pamaksudanana,
hayang ngadegkeun sakola pikeun kaom wanita.

Mimitina mah Bupati téh henteu ngaluyuan.
Saurna gé, “Entong, awéwé mah entong sakola!
Asal bisa nutu-ngéjo, bisa kékérod,
bisa ngawulaan salaki, geus leuwih ti cukup,
ganjaranana oge manjing sawarga.
Komo ieu bari rék diajar basa Walanda sagala!”
Sasatna mah pamaksudan Ibu Déwi téh ditolak wé.

Ngadegkeun sakola pikeun wanita?
Beu, meureun teu dianggap mahiwal mah.
Komo deui ieu diurusna téh
ku wanita ti kalangan ménak.
Jaba muridna bisa saha baé,
bari henteu nénjo turunan.
Jelas dianggap geus mengpar
tina adat kabiasaan alam harita,
anu ngabéda-béda jelema
dumasar kana harkat jeung turunanana.

Ibu Dewi henteu peunggas pangharepan.
Tetep keyeng pikeun ngawujudkeun cita-citana.
Terus ngurihit ka Bupati Bandung,
sangkan diidinan ngadegkeun sakola.
Sanggeus sababaraha kali ngadeuheus,
antukna mah Bupati téh éléh déét.
Caritana mah ngidinan wé.
Ibu Déwi dipasihan tempat keur sakola,
nyaéta di Paséban Pendopo Kabupatén Bandung.

Teu lila sakola nu diangen-angen téh ngadeg.
Dingaranan “Sakola Istri”,
diajangkeun pikeun barudak awéwé.
Aya dua kelas kabéhna téh.
Ari muridna anu munggaran,
réana aya dua puluh urang.
Guruna tiluan, nyaéta Ibu Déwi,
Ibu Purma, jeung Ibu Uwit.
Harita yuswa Ibu Déwi téh 20 taun.

Murid munggaran sakola Istri téh
réréana ti kalangan rahayat biasa,
lain ti kalangan ménak.
Umumna ti kulawarga pagawé handap
di Kantor Kabupatén Bandung.
Éta téh nan¬dakeun yén sakola Ibu Déwi
diajangkeun keur sing saha baé.
Henteu mandang harkat jeung darajatna,
prinsip anu terus dikeukeuhan ku Ibu Déwi
dina ngokolakeun sakolana.

Kumaha ari ti kalangan ménak?
Réa anu henteu panuju.
Ibu Déwi dianggap nurunkeun darajat
jeung komara ménak.
Tapi Ibu Déwi henteu galideur.
Nya lila-lila mah saladar sorangan,
nu dipilampah ku Ibu Déwi téh henteu salah.
Tungtungna mah ti kalangan ménak ogé
réa nu nyakolakeun anakna ka Sakola Istri.

“Sakola Istri” anu diadegkeun ku Ibu Déwi,
minangka sakola pikeun kaom wanita,
anu munggaran di Indonésia mah.
Timbul tina kereteg ati jeung pikiran Ibu Déwi.
Terus diwujudkeun jadi karya nyata.
Lain saukur kahayang anu diuar-uar dina surat.
Lain angen-angen anu diceungceum dina angen.
Da ieu mah bari jeung prakna dibuk¬tikeun.

“Sakola Istri” ngadeg tanggal 16 Januari 1904.
Anu diajarkeun di éta sakola di antarana baé,
ngitung, nulis, maca, jeung bagbagan agama.
Mémang henteu gampang ngokolakeun sakola téh,
tapi Ibu Déwi saparakanca bisa ngungkulanana.
Pikeun leuwih ngamekarkeun sakolana,
Ibu Déwi henteu éra ménta kamandang,
ka sakola-sakola anu ngadeg leuwih ti heula.

Taun 1906, dina yuswa 22 taun,
Ibu Déwi nikah sareng salasaurang guru,
Radén Kanduruan Agah Suriawinata.
Rumah tangga henteu ngareunteutkeun
kagiatan jeung sumanget Ibu Déwi
pikeun ngangkat harkat darajat kaomna.
Ari sababna, ingkang carogé
kacida ngarojongna kana cita-cita Ibu Déwi.

Beuki lila “Sakola Istri” téh beuki mekar.
Muridna beuki nambahan baé.
Tempat anu aya di Paséban Pendopo Bandung,
katimbang geus henteu mahi.
Ibu Déwi mikabutuh kelas anyar.
Nya dina taun 1910,
pamaréntah mere sakola anyar ka Ibu Déwi.
Éta sakola perenahna di Jalan Ciguriang.

Pangajaranana ogé dijembaran.
Salian ti diajarkeun ngitung, maca, jeung nulis,
diajarkeun rupa-rupa kaparigelan deuih.
Saperti masak, ngarénda, nyulam, jeung ngabatik.
Geus lir ari pangajaran agama jeung budi pekerti mah.
Jumlah guruna ogé nambahan deuih.
Ngaran sakolana ogé diganti,
jadi “Sakola Kautamaan Istri”.

Ibu Déwi miharep sangkan kaom wanita
miboga élmu jeung pangaweruh anu jembar,
nepi ka bisa ngarobah nasibna, kulawargana,
katut sakumna kaom wanita.
Ku bekelna tina ladang diajar ti sakola,
kaom wanita bisa madeg mandiri.
Bisa ngabantu-bantu salakina mun geus kawin.
Murid-muridna ogé dipépélingan,
sangkan ulah kawin ngora-ngora.

Tujuan pendidikanana,
kagambar dina cariosan Ibu Déwi,
anu remen ditepikeun ka murid-muridna,
“Ari jadi awéwé kudu sagala bisa,
ambéh bisa hirup anu cageur bageur.”
Anu jadi dadasar dina ngadidikna,
nyaéta silihasah, silihasih, jeung silihasuh.
Mémang basajan, tapi jembar pihartieunana.

Sataun ti harita,
Sakola Kautamaan Istri geus boga tilu kelas.
Kelasna ogé ditambahan deui ku Kelas II.
Basa panganteurna di Kelas I,
ngagunakeun basa Sunda.
Ari basa pangater di Kelas II,
nyaéta basa Malayu jeung basa Walanda.
Muridna lain urang Bandung baé ayeuna mah.
Datang ti sawatara daérah di Tatar Sunda.
Malah aya anu ti Sumatra sagala deuih.

Tétéla Sakola Kautamaan Istri téh
meunang pangbagéa anu hadé ti masarakat.
Malah Pamaréntah Hindia Walanda ogé,
kacida merhatikeunana ka éta sakola téh,
dibarung ku rasa hormat ka nu ngadegkeunana.
Ibu Déwi Sartika geus dianggap
pelopor pendidikan kaom wanita di Indonésia.

Loba gegedén Walanda anu datang ka éta sakola,
pikeun nalingakeun kamekaranana.
Malah dina taun 1931 mah,
Gupernur Jéndral Walanda datang,
ngaroris kaayaan Sakola Kautamaan Istri.
Dua tahun ti harita, istri gupernur
disarengan ku putrana anu istri, sumping deuih.
Nimbang kana jasa-jasana,
Ibu Déwi Sartika dilélér penghargaan
Bintang Pérak ku Pamaréntah Hindia Walanda.

Ibu Déwi ngaraos reueus,
upama aya di antara muridna,
anu neruskeun ka sakola nu leuwih luhur.
Henteu saeutik muridna anu neruskeun
ka sakola bidan, perawat, atawa guru.
Kasadaran yén awéwé ogé kudu boga pendidikan,
geus mulai karasa tumuwuh di masarakat Sunda.
Malah terus sumebar ka sakulian Indonésia.

Dugdeg “Sakola Kautamaan Istri”
di sawatara Kabupatén di Jawa Barat.
Seperti di Kabupatén Garut, Tasikmalaya,
Purwakarta, jeung sajaba ti éta.
Malah di Padangpanjang, Sumatra Barat ogé aya.
Nepi ka taun 1912, geus bisa ngadeg
salapan “Sakola Kautamaan Istri” di Jawa Barat.

Taun 1914, lumangsung Perang Dunya I.
Kayaan ékonomi di urang kacida weritna.
Éta hal téh karasa pisan ku Ibu Déwi mah,
utamana pikeun ngokolakeun sakolana.
Hahargaan pakakas sakola terus ngaronjat,
kaayaan gedong sakola ogé perlu dioméan.
Ibu Déwi sareng carogéna,
kedah tihothat enggoning ngungkulanana.

Perjoangan Ibu Déwi sareng corogéna.
ngahudang simpati dua istri gegedén Walanda,
nyaéta Ibu Tijderman jeung Ibu Hillen.
Ngirim surat ka Pamaréntah Hindia Walanda,
sangkan daék ngabantuan “Sakola Kautamaan Istri”.
Ketakna meunang pangrojong ti sawatara pihak,
pangpangna mah anu boga katineung
kana pendidikan kaom wanita di Indonésia.

Pamaréntah Hindia Walanda nyaluyuan.
Taun 1929, pamaréntah ngawangun gedong sakola,
anu leuwih agréng tur lengkep.
Pikeun ngajénan kana jasa-jasa Ibu Déwi,
“Sakola Kautamaan Istri” dirobah ngaranna,
jadi “Sakola Radén Déwi”.

Sanggeus bajoang salima 25 taun,
cita-cita Ibu Déwi tinekanan.
Ayeuna Ibu Déwi kagungan gedong sakola
anu rohanganana lega, bersih, tur séhat.
Aya rohang prakték anu lengkep
sarta pakaranganana ogé lega deuih.
Pokona mah nyumponan pasaratan
pikeun disebut sakola anu hadé.
Sakolana Ibu Déwi geus diaku ku pamaréntah
sarta pangajén anu luhur ti masarakat.

Aya acara anu mayeng dilaksanakeun
unggal taun pangajaran anyar,
nyaéta acara paturay tineung
pikeun murid anu geus lulus.
Dina éta acara sok aya paméran sakola.
Anu dipamérkeunana karya paramurid,
kayaning rénda, sulaman, rupa-rupa hasil ngaput,
sarta barang-barang karajinan lianna.
Kadaharan jeung lalawuhna ogé,
kabéh beunang nyieun murid éta sakola.

Éta pésta téh dilaksanakeunanana
unggal tanggal 14 Juli.
Malah lain paméran baé acarana téh.
Aya pintonan rupa-rupa kasenian,
kaasup sandiwara Sunda deuih.
Tétéla, harita “Sakola Ibu Déwi”
geus ngajarkeun kasenian jeung kabudayaan,
pangpangna mah seni jeung budaya Sunda.

Taun 1939, carogé Ibu Déwi ngantunkeun.
Sanajan kacida sedihna,
Ibu Déwi henteu peunggas pangharepan.
Teras bajoang ngokolakeun sakolana.
Tapi kaséhatanana tos ngawitan ngirangan.
Sataun ti harita, taun 1940,
Ibu Déwi dilélér penghargaan ku Pamaréntah,
dumasar kana jasa-jasana dina widang pendidikan.

Kaayaan kacida robahna,
basa Perang Dunya II lumangsung.
Komo sanggeus Jepang asup ka urang mah.
Kaayaan beuki susah jeung werit.
Kitu deui basa Indonésia anyar merdéka.
Tentara Inggris jeung Walanda asup ka urang.
Kaayaan beuki rengkeng jeung harénghéng baé.
Perang lumangsung méh unggal poé,
di unggal tempat deuih.

Taun 1947, kaayaan beuki genting baé.
Ibu Déwi kapaksa kudu ngungsi,
mimitina ka Ciparay, Garut, Ciamis,
terus ka Cinéam Tasikmalaya.
Ibu Déwi ngantunkeun di Cinéam,
kaping 11 Séptémber 1947 dina yuswa 63 taun.
Taun 1966, Pamaréntah Indonésia
netepkeun Ibu Déwi Sartika
sabagé Pahlawan Pergerakan Nasional.

Salengkepna......

OTO ISKANDAR DI NATA

Urang boga pekik nasional “Merdéka”, bari ngacungkeun peureup. Tapi kalolobaanana di antara urang teu nyaho ka nu nyiptakeunana mah. Éta pekik nasional téh diciptakeun ku Pa Oto Iskandar Di Nata dina jaman révolusi kamerdékaan. Sanajan kitu, nepi ka ayeuna éta pekik téh masih kénéh mindeng kadéngé dina rupa-rupa kasempetan.

Pa Oto Iskandar Di Nata téh pahlawan pergerakan nasional anu asalna ti Jawa Barat. Pituin urang Sunda, lahir di Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, tanggal 31 Maret 1897. Putra Lurah Bojongsoang, Rd. Nataatmaja anu sanggeus munggah haji ganti ngaran jadi Rd. Haji Adam Rahmat. Ari ibuna, Siti Hadijah.

Satamatna ti Sakola Rayat, Pa Oto neruskeun sakolana ka Sakola Guru, Sakola Raja katelahna téh harita mah. Nya di dieu Pa Oto mimiti némbongkeun wawanénna téh. Harita Pa Oto kudu cicing di asrama. Mangkaning asrama sakola jaman harita téa, aturanana téh kacida ketatna.

Guru-guruna miharep sangkan murid-murid sakola bangsa urang téh kudu nurut kana sagala kahayangna. Tangtu baé anu sajalan jeung kahayang Pamaréntah Hindia Walanda. Komo deui ieu, pigurueun, sasatna mah anu bakal bisa mangaruhan ka jalma réa.

Upama aya murid bangsa urang anu boga pamadegan méngpar tina kahayangna, dicap baé murid bangor. Pa Oto gé kitu, katotol murid bangor, ceuk guru-guru Walanda mah. Nu matak mindeng disetrap atawa dihukum ku rupa-rupa lantaran. Mimindengna mah alatan Pa Oto wani nembrakkeun pamadegan jeung pahamna pribadi anu papalingpang jeung kahayang guru atawa Pamaréntah.

Hiji mangsa mah, Diréktur Asrama téh geus henteu tahan meureun ku kalakuan Pa Oto. Éta diréktur téh urang Walan¬da. Awakna jangkung badag, kawantu tukang gulat. Nepi ka nangtang gelut ka Pa Oto, pokna bari singkil, “Héy Oto Iskandar, manéh wani henteu gelut jeung kuring?” Ari témbal Pa Oto, “Nya ari geus gedé mah wani wé.” Direktur Asrama ukur bisa melengek.

Kajadian séjénna anu ngébréhkeun wawanén Pa Oto téh nyaéta waktu sakola di Sakola Guru Atas di Purworejo. Dina hiji poé, Pa Oto téh maké dasi konéng ka sakola. Pokona mah asa panggindingna wé harita mah. Tapi aya guru Walanda anu teu resepeun nénjo Pa Oto maké dasi téh.

Éta guru Walanda téh negor, “Héy, Oto! Ku naon manéh bet maké dasi? Sedeng kuring baé gé henteu maké dasi!” Pa Oto ngajawabna mutuh matak lucu, “Ah, Tuan mah teu perlu maké dasi, da geus kolot ieuh!” Kabéh nu ngadéngé jawaban Pa Oto sareuri. Tapi ari guru Walanda téa mah kacida ambekna. Nepi ka ngusir sagala ka Pa Oto téh, nitah kaluar ti kelas.

Sanajan ku guru-guruna dicap murid bangor, tapi ari uteukna mah éncér Pa Oto téh. Dibandingkeun jeung babaturan sakelasna mah onjoyna téh jauh pisan. Nu matak di kelasna mah dianggap béntangna. Leuwihna ti éta, kapinteranana bisa ngéléhkeun batur sakelasna bangsa Walanda.

Pa Oto ogé boga pangaresep kana kasenian jeung maén bal. Dina maén bal kaasup béntangna. Pa Oto jadi andelan kleup maén bal, boh di kleup sakolana, boh di kleup lemburna. Ari posisina jadi sénter pur. Striker mun ayeuna mah.

Dina kasenian, Pa Oto tapis nabeuh gamelan, pinter ngibing, jeung resep kana san¬diwara. Kana lalajo wayang deuih karesepna téh. Ari tokoh wayang anu pangdipikaresepna nyaéta Bima alias Werkudara. Kawasna baé surup jeung pasipatanana, ana nyarita téh sok sahinasna baé.

Satamatna ti Sakola Guru Atas di Purworejo, Pa Oto jadi guru, luyu jeung cita-citana. Pa Oto boga cita-cita hayang ngamajukeun bangsana. Lamun hayang maju, kudu pinter heula. Jalanna nya ku pendidikan téa. Éta matakna Pa Oto boga cita-cita hayang jadi guru téh.

Salian ti jadi guru, Pa Oto ogé ancrub kana organisasi sosial. Mimiti jadi anggota Budi Utomo, terus jadi anggota Paguyuban Pasundan, malah jadi ketuana pisan. Tah, dina mangsa diketuaan ku anjeunna Paguyuban Pasundan maju. Utamana dina widang pendidikan, ékonomi, jeung sosial pulitik.

Di organisasi ogé Pa Oto geus némbongkeun wewesénna. Upamana baé basa anjeunna jadi anggota Déwan Kota di Pakalongan. Harita Pa Oto téh jadi wawakil ti Budi Utomo, da harita mah can asup jadi anggota Paguyuban Pasundan.

Salaku anggota Déwan Kota, anjeunna mindeng ngungkab kateureugeujeugan nu aya di masarakat, mindeng ngabéla rahayat anu katideresa. Di antarana baé ngungkab jeung ngagugat “Peristiwa Bendungan Kemuning“. Kasus panipuan gedé di Perkebunan Tiwu Wonopringgo, Wonogiri.

Kawasa Kontrak, anu jelas bangsa Walanda, boga karep ngagerejud tanah rahayat di Kemuning. Rahayat Kemuning dipaksa kudu masrahkeun tanahna pikeun ngalegaan kebon tiwu. Anu teu mikeun, dianggap baha ka Pamaréntah Hindia Walanda. Rahayat teu bisa majar kumaha, da sieun téa.

Dina kaayaan kitu, Pa Oto ka hareup ngabéla kapentingan rahayat. Ceuk Pa Oto, tindakan Kawasa Kontrak téh kacida salahna. Ku lantaran kitu, Kawasa Kontrak kudu mulangkeun tanah Kemuning ka rahayat anu ngabogaan hakna.

Antukna mah Pa Oto téh lain baé adu hareupan jeung Kawasa Kontrak, tapi adu hareupan jeung Residén Pakalongan deuih. Salaku bangsa Walanda, tangtu baé Residén téh leuwih ponténg ka nu konéng, ngabéla kapentingan bangsana sorangan. Tapi Pa Oto henteu gimir, henteu galideur.

Dina éta pacéngkadan, Pa Oto anu meunang. Sanajan, tangtu baé henteu gampang. Tanah rahayat anu di Kemuning kapimilik deui ku nu boga hakna. Kawasa Kontrak ngégél curuk. Malah sanggeus éta kajadian, Residén Pakalongan téh diganti.

Tindakan Pa Oto kitu téh, puguh baé matak ngageunjleungkeun. Alam harita mah apan carang pisan bangsa urang anu wani nyempad, sumawonna ngalawan ka bangsa Walanda. Umumna mah sumuhun dawuh bae, teu langkung Kangjeng Tuan. Sanajan dipaké kékéséd ogé, ceuk babasanna mah.

Ngaran Oto Iskandar Di Nata mimiti nyambuang. Naék daun mun ceuk basa ayeuna mah. Dipikawanoh jeung dipikacinta ku rahayat. Sabalikna ku bangsa Walanda mah, dipikaceuceub. Pamaréntah Hindia Walanda ngasupkeun ngaran Pa Oto kana buku hideung, nyaéta catetan jalma-jalma anu sawaktu-waktu kudu dibuang ka Digul, di Pulo Irian.

Seungitna ngaran Pa Oto, matak bayeungyang ka pamaréntah jajahan di Pakalongan. Ngajaga bisi komarana ngéléhkeun komara jeung wibawa pamaréntah, Pa Oto dipeclengkeun ti Pakalongan. Tugasna dipindahkeun ka Jakarta.

Tapi saméméh ninggalkeun Pakalongan, Pa Oto sem¬pet mingpin rahayat pikeun ngadegkeun Sakola Kartini. Pa Oto mémang gedé perhatianana kana pendidikan bangsana. Cenah mah nepi ka kiwari éta sakola téh masih kénéh aya.

Jadi upama nilik ka dinya mah, ti méméh jadi anggota Volksraad ogé, geus témbong perjoanganana téh. Kitu deui wawanénna, geus nyampak ti keur sakola kénéh. Tangtu baé lain kawani anu teu puguh. Ieu mah kawani dina ngabéla bebeneran, ngabéla bangsa jeung lemah caina.

Di Jakarta mimitina Pa Oto ngajar di Paguron Muhammadiyah. Kagiatanana dina widang organisasi jeung pulitik ogé henteu tinggaleun. Pa Oto mimiti wanoh ka Paguyuban Pasundan. Mimitina Pa Oto jadi anggota biasa. Saterusna mah jadi Ketua Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan. Ari sékretarisna Pa Juanda Kartawijaya.

Dina mangsa dipingpin ku Pa Oto jeung Pa Juanda, Paguyuban Pasundan katémbong kamajuanana. Utamana mah dina widang pendidikan, ékonomi, jeung sosial budaya. Malah saterusna mah Paguyuban Pasundan ogé ilubiung kana urusan pulitik.

Paguyuban Pasundan ngagabung jeung Permufakatan Perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia. Paguyuban Pasundan milu pilihan umum pikeun milih anggota Volksraad. Mun ayeuna mah Volksraad téh sarua jeung DPR RI. Wawakil rahayat anu kudu merjoangkeun kapentingan rahayat.

Anu jadi wawakil Paguyuban Pasundan di Volksraad téh nya Pa Oto Iskandar Di Nata. Kawanina beuki ébréh baé katémbong. Pa Oto remen ngiritik kaayaan pamaréntah jajahan nepi ka remen matak beureum ceuli anggota Volksraad ti lingkungan bangsa Walanda.

Ari anggota Volksraad téh diwangun ku bangsa Walan¬da, Indonésia, Cina, jeung Arab. Anggotana aya nu diangkat, jeung aya nu mangrupa hasil pilihan umum. Tah, Pa Oto mah jadina anggota Volksraad téh hasil tina pilihan umum, wawakil ti Paguyuban Pasundan.

Dina bubuka mangsa sidang Volksraad taun 1931 - 1932, Pa Oto nepikeun pidatona. Dina éta pidato, Pa Oto nembrak¬keun kateureugeujeugan Pamaréntah Hindia Walanda dina sagala widang. Nyarita satarabasna, henteu didingding kelir. Nepi ka Ketua Sidangna, bangsa Walanda, sababaraha kali ngetrokkeun paluna, sangkan Pa Oto ulah nerag teuing nyaritana.

Di antarana Pa Oto ngiritik kawijakan Pamaréntah Hindia Walanda dina widang ékonomi. Pamaréntah harita leuwih mentingkeun kaom nu boga modal, tibatan ékonomi rayat. Hal éta dikritik bébéakan ku Pa Oto dina pidatona. Kitu deui dina widang pendidikan, anu can walatra ka sakumna rahayat Indonésia.

Bagian pidatona anu kawéntar nyaéta waktu an¬jeunna nyabit-nyabit kamerdékaan bangsa Indonésia. Saurna téh, gubragna kamerdékaan Indonésia, rék karana dipaksa atawa henteu, teu saeutik gumantungna kana sikep Walanda sorangan. Tapi bangsa Walanda kudu sadar. Tangtuna ogé moal hésé milih hiji di antara dua: mundur atawa diusir.

Pidato Pa Oto meunang pangbagéa anu lain lumayan. Umumna bangsa Indonésia mah asa dipangedalkeun kereteg angenna, anu salila-lila dikemu. Malah ti harita mimiti nyebarna jujuluk Si Jalak Harupat pikeun Pa Oto Iskandar Di Nata téh.

Pidato Pa Oto lain baé ngageunjleungkeun di Indonésia, tapi di Nagri Walanda deuih. Aya anu pro, aya anu kontra. Ceuk anu pro, Hindia Walanda (sesebutan urang Walanda ka nagara urang harita) geus meujeuhna dibéré kamerdékaan pikeun nangtukeun nasibna sorangan. Ceuk anu kontra mah sabalikna. Hindia Walanda can waktuna dibéré kamerdékaan.

Sanggeus aya pidato Pa Oto mah, bangsa urang mimiti aya perhatian ka Volksraad téh. Saméméhna mah Volksraad téh dianggap alat politik pikeun kapentingan Walanda wungkul. Apan ku kaom pergerakan mah Volksraad téh disebutna ogé Gedong Kumidi ti Pejambon. Nyindir éta téh, pédah Gedong Volksraad perenahna di Pejambon, Jakarta.

Pasualan kamerdékaan téh jadi bukur catur mangtaun-taun. Nepi ka kapegat ku Perang Dunya II. Walanda diusir ti nagara urang ku tentara Jepang. Saterusna atuh nagara urang téh aya dina genggeman bangsa Jepang salila tilu taun. Ti taun 1942 nepi ka taun 1945.

Dina Jaman Jepang Pa Oto nyekel kalungguhan Direktur Surat Kabar Cahaya. Jadi pingpinan Jawa Hookookai, pingpinan Badan Panulung Korban Perang, anggota Cuo Sangi In, sarta anggota Panitia Persiapan Kemerdékaan In-dinésia (PPKI). Pa Oto daékna gawé bareng jeung Jepang téh lantaran Jepang jangji rék méré kamerdékaan ka bangsa Indonésa.

Salian ti Oto, masih kénéh loba kaom pergerakan anu harita kairut ku jangji Jepang téh. Anu matak henteu saeutik anu daék gawé bareng jeung Jepang. Sanajan kitu, dina Jaman Jepang téh Pa Oto boga jasa anu natrat nepi ka ayeuna. Nyaéta milu ngadegkeun Barisan Pembela Tanah Air, anu popiler disebut PETA tea. PETA téh engkéna jadi cikal bakal tentara di nagara urang.

Tah, salaku anggota PPKI, Pa Oto milu icikibung nangtukeun dadasar nagara RI. Tanggal 17 Agustus taun 1945 nagara merdéka. Éta kamerdékaan téh lain paméré ti Jepang, tapi meunang ngarebut ku perjoangan parapahlawan bangsa. Da Jepang mah nepi ka ingkahna ti nagara urang, henteu kungsi nohonan jangjina, méré kamerdékaan ka bangsa urang téa.

Sanggeus merdéka, Pa Oto ogé milu nyusun Undang-Undang Dasar (UUD) 1945. Malah dina sidang pikeun nangtukeun presidén jeung wakil presidén, Pa Oto anu ngusulkeun sangkan Bung Karno jeung Bung Hatta jadi Presiden jeung Wakil Presiden RI. Usulna disaluyuan ku sakabéh nu hadir dina éta sidang.

Dina kabinet anu munggaran sanggeus Indonésia merdéka, Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara. Pa Oto kaasup salahsaurang menteri anu popilér, lantaran jujur dina ucapan jeung tindakanana. Hanjakal henteu lila Pa Oto mah ngalaman kamerdékaan téh.

Katompérnakeun taun 1945, mangsa kaayaan harénghéng, Pa Oto aya nu nyulik. Kapanggih-kapanggih layonna geus ngambang di Basisir Mauk, Tangerang. Nepi ka ayeuna can aya kapas¬tian, saha saenyana anu boga pokal ngaleungitkeun nyawa Pa Oto téh. Anu jelas mah, jalma-jalma nu teu mibanda rasa tanggung jawab.

Salengkepna......

MOJAMAD TOHA

Mohamad Toha téh pituin urang Bandung,
dilahirkeun di Bandung, taun 1926.
Gedé di Bandung deuih.
Ramana, Ganda, pagawé béngkél De Unie.
Maot waktu Mohamad Toha budak kénéh.
Ari ibuna, Nariah, jadi tukang ngaput
pikeun ngabanjel-banjel pangabutuh sapopoéna.

Mohamad Toha sakola di Bandung.
Satamatna ti Sakola Rayat,
neruskeun ka jurusan téhnik mesin.
Dina jaman Jepang,
kungsi jadi montir kendaraan militer Jepang.
Sanggeus Indonésia merdéka,
Mohamad Toha milu bajoang
pikeun mertahankeun kamerdékaan.

Perjoangan Mohamad Toha,
henteu bisa dileupaskeun tina peristiwa sajarah,
anu katelah Peristiwa Bandung Lautan Api.
Kajadianana dina mangsa révolusi,
nyaéta mangsa tacan lila bangsa urang merdéka.
Merdéka tina penjajahan Walanda
jeung tina penjajahan Jepang.

Harita téh Perang Dunya II geus réngsé.
Perang Dunya II téh nyaéta perang antara Sekutu
ngalawan Jepang, Jerman, jeung Itali.
Ari anu asup ka nagara urang nyaéta Jepang.
Harita Jepang geus éléh ku Sekutu,
sanggeus dua kotana, Nagasaki jeung Hiroshima,
diragragan bom atum ku Amérika Serikat.

Jepang serah bongkokan,
sakur nagara cangkinganana di Asia-Pasifik,
kudu dipasrahkeun ka tentara Sekutu.
Ari anu kaasup Sekutu téh, di antarana baé:
Amérika Serikat, Inggris, Perancis, jeung Australia.
Malah Walanda ogé kaasup pihak Sekutu.
Milu ngirimkeun tentarana kana Perang Dunya II,
pangpangna mah ka wewengkon Asia-Pasifik.

Walanda anu kungsi ngajajah urang,
henteu sukaeun ningali bangsa urang merdéka.
Walanda henteu weléh néangan akal
pikeun nyuparkeun kamerdékaan bangsa urang.
Kitu deui basa aya kasempetan ngirim tentarana,
tentara Walanda milu dikirimkeun ka nagara urang,
ngaboncéng ka tentara Inggris,
anu mangrupa bagian tina tentara Sekutu.

Bangsa urang anu geus merdéka,
tangtu baé teu réla upama nagarana dijajah deui.
Kamerdékaan anu geus dibayar mahal,
ku cimata jeung getih parapahlawan bangsa,
satékah polah kudu dipertahankeun.
Bangsa urang ogé henteu cicingeun.
Ngayakeun perlawanan ka tentara asing,
anu geus méngpar tina tujuan asalna,
lantaran katumpangan ku karep Walanda téa.

Muncul baé pasukan tentara perlawanan rayat,
saperti Pasukan Banténg, Laskar Hizbullah,
Tentara Pelajar, jeung réa-réa deui.
Anu jaradi anggotana lolobana mah parapamuda,
pamuda anu keur meujeuhna belekesenteng.
Muhamad Toha ogé harita jadi tentara rayat,
ngagabung jeung Pasukan Banténg.

Najan umurna kakara 19 taun,
tapi Mohamad Toha geus jadi pamingpin,
mingpin Seksi I Barisan Banténg bagian Penggempur.
Malah kaasup pamingpin anu katotol gedé wawanén.
Dipikasérab, boh ku anak buahna boh ku sasamana.
Anu matak pantes upama meunang paniten husus
ti sakumna pamingpin pasukan panggempur téh.
Markas Barisan Banténg téh di Cikapundung.

Kaayaan Bandung harita jadi harénghéng.
Tentara urang mindeng bantrok jeung tentara Sekutu,
der baé perang di sawatara tempat.
Antukna Kota Bandung téh dibagi dua.
Beulah kalér dicangking ku Pasukan Sekutu,
beulah kidul dicangking ku pasukan republik.
Ari anu jadi watesna nyaéta jalan karéta,
anu ngembat ti Cikudapateuh ka Andir.

Sanajan Kota Bandung geus dibagi dua,
kaayaan angger baé taya mendingna.
Tentara urang anu keur ngaroris wates,
mindeng bantrok jeung tentara musuh.
Malah aya leuwihna ti éta,
Pasukan Sekutu anu senjatana leuwih lengkep,
mindeng némbakan ku mortir jeung bom,
ka daérah anu dicangking ku tentara urang.

Tentara urang ogé henteu cicingeun,
males éta serangan ku cara perang gerilya.
Perang gerilya di tengah kota,
anu matak ngaripuhkeun ka tentara Sekutu.
Antukna pingpinan tentara Sekutu méré ultimatum,
tentara urang kudu ninggalkeun Kota Bandung.
Lamun henteu, baris digempur ku tentara Sekutu.

Tentara urang katut paragegedénna,
ngagugu kana éta ultimatum,
lain karana sieun atawa gimir ku tentara Sekutu,
tapi bisi loba rayat anu jaradi korban.
Mangkaning cenah diserangna téh lain ti darat baé,
ieu mah bari jeung rék dibombardir ti luhur deuih.
Kapal-kapal perang Sekutu geus tingharieng baé,
kukurilingan di luhureun Kota Bandung

Ahirna tentara urang ninggalkeun Kota Bandung.
Malah rahayat ogé loba anu milu ngungsi.
Ngaleut ngeungkeuy ninggalkeun Kota Bandung.
Ukur mawa barang jeung harta banda nu bisa kabawa.
Ninggalkeun imah katut pakaya séjénna.
Lolobana anu ngarungsi ka kiduleun Kota Bandung.
Aya anu ngungsi ka Majalaya, Garut, Sumedang,
malah aya anu ka Tasikmalaya jeung Ciamis ogé.

Saméméh ninggalkeun Kota Bandung,
tentara urang ngadurukan heula gedong-gedong,
utamana mah anu sakirana bisa dipaké ku musuh.
Seuneu ngahuru gedong-gedong di jero Kota Bandung.
Haseup hideung ngelun di sawatara tempat.
Éta kajadian téh anu ayeuna nelah disebut
peristiwa Bandung Lautan Api.

Sanggeus peristiwa Bandung Lautan Api,
markas Pasukan Banténg pindah ka Nagrég.
Kota Bandung geus dikawasa ku musuh.
Ari tentara urang bacacar di sakiduleun Bandung,
di peuntaseun Walungan Citarum.
Ti dinya tentara urang nyerang pasukan musuh,
anu aya di jero Kota Bandung.
Kaayaan lain aman, tapi kalah beuki harénghéng.

Perang lumangsungna méh unggal poé.
Mohamad Toha mindeng meunang pancén
mingpin pasukanana ngagempur musuh.
Nepi ka harita mah taya kabéjakeunana, salamet baé.
Anak buahna ogé kitu deuih,
tara aya nu balik ngaran ti pangperangan.

Sanajan kitu,
henteu ngandung harti unggul dina perangna.
Malah remen kadéséh ku pasukan musuh.
Saenyana mah anu ngarasa ripuh téh
lain pasukan Mohamad Toha baé.
Nu séjén ogé sarua, kariripuhan.
Beuki lila beuki kadéséh baé.

Ari anu jadi sababna,
kakuatanana teu sabanding jeung pasukan musuh.
Salian ti tentarana leuwih loba,
musuh téh senjatana ogé leuwih samagréng deuih.
Katambah boga sasadiaan senjata jeung mesiu,
anu kacida lobana di gudangna.
Atuh puguh wé leuwih laluasa dina perangna téh.

Gudang senjata jeung mesiu pasukan musuh,
ayana di Kampung Pasayuran, Dayeuhkolot.
Peuntaseun Walungan Citarum,
upama ti daérah tentara urang harita mah.
Éta gudang ayana di hiji gedong,
anu ku urang dinya mah disebutna Gedong Listrik.
Keur tohaga téh, dijaga ku tentara Walanda,
anu samakta ku pakarang deuih.

Gedong Listrik dipaké basis pertahanan musuh.
Ari di gudang mesiuna téa;
eusina téh rupa-rupa senjata,
ti mimiti senjata leutik nepi ka senjata gedé,
jeung kurang leuwih 18 rébu ton bahan peledak.
Anu matak musuh téh dina perangna,
tara kabéjakeun kakurangan amunisi.
Ganjor pisan bédana jeung tentara urang.

Kabéh ogé nyaho tur yakin,
lamun hayang ngalumpuh¬keun musuh,
salasahiji cara anu bakal gedé pangaruhna mah
nyaéta ngabeledugkeun gudang mesiuna.
Pikiran kitu téh aya dina uteuk Mohamad Toha ogé.
Béda jeung anu lian pamuda Toha mah.
Éta pikiran téh dibarung ku tékad anu kuat
pikeun ngalak¬sanakeunana.

Dina hiji poé, pasukan anu dipingpin Toha
kudu maju ka garis depan.
Méméh indit, Toha mangadep heula
ka pingpinan Tentara Penggempur Barisan Banténg.
Maksudna taya lian, ménta idin yén pasukanana
rék ngagempur jeung ngancurkeun
gedong pertahanan musuh ku dinamit.

Paménta Mohamad Toha henteu diidinan,
dumasar kana pertimbangan yén pertahanan musuh
di sabudeureun éta gedong téh kacida tohagana.
Sanajan bari kacida kuciwana,
Toha nurut kana paréntah atasanana.
Pasukan Mohamad Toha maju ka garis depan,
ngaganti pasukan anu séjén.

Mohamad Toha henteu putus asa.
Sababaraha poé ti harita,
geus pok deui ménta idin ka salasaurang mayor,
anu aya di pos tentara di garis depan.
Cenah pasukanana rék nyerbu ka Gedong Listrik.
Minangka bekelna, Mohamad Toha aya paménta.
Ménta garanat, dinamit, jeung korék api.
Paménta Mohamad Toha henteu diidinan deui baé.

Tangtu wé Toha téh beuki kuciwa.
Sanggeus balik ti garis depan,
Toha ménta perlop sababaraha poé,
sabab hayang nepungan indungna,
anu keur ngungsi di Garut,
di daérah Paminggir.
Harita mah paméntana ditedunan.

Caritana indit wé Toha téh ka Garut,
nepungan indungna jeung adina.
Da ari bapana mah geus maot.
Ibu Nariah, indungna Mohamad Toha téa,
di Garutna téh geus meunang pagawéan,
jadi tukang ngaput di Penjahit Merdéka.

Kabeneran harita Penjahit Merdéka téh
meunang pancén ngaputan pakéan tentara urang.
Toha ogé dibéré baju jeung calana tentara.
Puguh wé Toha téh kacida pisan atohna.
Harita kénéh éta pakéan téh dipaké,
beuki katémbong baé gagahna.
Malah terus dipapaké nepi ka balikna deui.

Balik ti Garut, Toha ka asrama deui.
Paromanna katémbong marahmay.
Indung jeung adina saralamet,
sarta henteu matak pikahariwangeun,
lantaran indungna geus boga pangasilan.
Najan pangasilanana henteu gedé,
tapi cukup wé keur hirup duaan mah.

Lain éta baé anu matak manéhna bungah téh.
Datang-datang ka markasna,
Mohamad Toha meunang pancén ti komandanna,
kudu nyusup jeung nalungtik daérah musuh.
Puguh baé asa mobok manggih gorowong.
Keur mah hayang ti baréto ka daérah musuh téh,
ari ayeuna diparéntah pisan ku atasanana.
Mohamad Toha meunang pijalaneun
pikeun ngancurkeun pertahanan musuh.

Ka salasaurang anak buahna mah pok pisan,
manéhna meunang kasempetan anu hadé
pikeun nyerbu gudang mesiu musuh.
“Peuting ieu, Bapa rék jibaku,” pokna téh.
Ka anak buahna anu séjén ngomong kieu,
“Leuwih hadé paéh batan jadi tawanan musuh.
Tapi, saméméh paéh kudu ngancurkeun heula
gudang mesiu musuh.”

Tékad Mohamad Toha geus buleud.
Peuting éta, Mohamad Toha,
sasatna mah pileuleuyan jeung anak buahna.
Malah arlojina ogé dibikeun ka babaturanana
di komando pos tilu, bari dimplik-implikan,
“Pék baé paké ieu arloji téh, ulah nepi ka ruksak!
Saha nu nyaho kuring mah teu balik deui.”

Réngsé éta, kakara Mohamad Toha
indit ka médan perang mingpin anak buahna.
Harita téh tanggal 9 Juli, peuting.
Pasukan Toha nyulusup ka daerah musuh
babarengan jeung Pasukan Hizbullah
sarta Pasukan Pangéran Papak,
meuntas Walungan Citarum.

Kakara gé nepi ka daérah musuh,
anak buahna aya nu nincak ranjow,
anu dipasang di sabudeureun gudang mesiu.
Jelegur ranjow ngabeledug!
Kanyahoan ku musuh. Der bad silitémbak.
Sawatara prajurit urang tatu.
Aya nu parna, aya nu énténg tatuna téh.

Harita Toha téh aya di tengah-tengah barisan.
Teu maliré kana tingbelesatna pélor,
Toha maju ngadeukeutan gedong pertahanan musuh.
Niatna geus panceg,
rék ngabeledugkeun gudang mesiu téa.
Sanajan ku cara kitu téh,
sarua baé jeung narohkeun pati.

Tapi, can gé maksudna laksana,
Toha katangkep mantén ku musuh.
Duaan jeung Mohamad Ramdan
ti Pasukan Hiz¬bullah katangkepna téh.
Mohamad Toha jeung Mohamad Ramdan
ditawan di Dayeuhkolot, di Gedong Listrik.
Tempatna teu jauh ti gudang mesiu,
anu geus lila jadi inceran Mohamad Toha.

Sakumaha ka tawanan baé,
Mohamad Toha jeung Mohamad Ramdan,
nandangan rupa-rupa panyiksa.
Maksudna sangkan ngabocorkeun rusiah
anu aya patalina jeung pasukan urang.
Tapi duanana tetep tabah.
Tibatan betus, leuwih suka diala nyawa.

Dina hiji kasempetan,
prajurit-prajurit musuh anu ngajagana,
diserang ku Mohamad Toha.
Najan bisa leupas tina genggeman musuh,
angger baé moal bisa kaluar ti éta tempat,
lantaran dijaga ku tentara Walanda,
anu samakta pakarangna di unggal titik.
Jeung deui mémang maksudna ogé lain rék kabur.

Mohamad Toha lumpat ka gudang mesiu téa.
Manéhna nyokot garanat,
terus dibalédogkeun ka gudang mesiu.
Jelegur wé, gudang mesiu teh ngabeledug.
Nya henteu sakaligus ngabeledugna téh.
Pokona mah sakabéh bahan peledak,
garanat, katut senjatana, anu gedéna anu leutikna,
patingjelegur jeung patingbeledug.

Ku rosa-rosana anu patingbeledug,
sorana nepi ka kadéngé ka tempat anu jauhna
leuwih ti 70 kilométer ti Dayeuhkolot.
Gedong Listrik anu dipaké pertahanan musuh ancur:
Imah-imah, tatangkalan, jeung sajabana
anu aya di sabudeureunana ancur deuih.
Haseup mulek minuhan langit Bandung Kidul.

Korban ti pihak musuh loba pisan,
geus teu kaitung jumlahna.
Mohamad Toha ogé gugur di dinya,
babarengan jeung Mohamad Ramdan.
Kitu tah perjoangan Mohamad Toha téh.
Toh pati lali jiwa téh bener-bener,
pikeun ngabélaan lemah cai.

Kajadian dibeledugkeunana
gudang mesiu di Dayeuhkolot téh
matak ngageunjleungkeun.
Lain baé sa-Indonésia,
aweuhanana nepi ka sakuliah dunya.
Temahna pikeun tentara urang harita,
jadi leuwih ngagedurkeun sumanget
pikeun bajoang mertahankeun kamerdékaan.

Salengkepna......

LAKSAMANA LAUT R. EDDY MARTADINATA

Jenengan lengkepna mah
Laksamana Laut Radén Éddy Martadinata.
Anu matak sok disingget jadi LLRÉ Martadinata.
Anjeunna téh salasaurang Pahlawan Nasional,
anu asalna ti kalangan Angkatan Laut.
Upama nilik kana bibit-buitna,
anjeunna téh pahlawan anu asalna ti Jawa Barat.

Pa Éddy téh pituin urang Sunda.
Lahir di Bandung, tanggal 29 Maret 1921.
Ramana Radén Ruhiyat Martadinata,
ari ibuna Nyi Radén Suhaémi.
Duanana oge wedalan Tasikmalaya,
ngan béda kacamatan.
Ramana ti Cisayong, ari Ibuna ti Indihiang.

Duanana mibanda kasang tukang anu sarua,
nyaéta lingkungan menak anu taat kana agama.
Anu matak Pa Eddy Martadinata mah,
salian ti meunang-atikan di sakola téh,
atikan agamana oge kuat deuih.
Waktu mancén tugas di Angkatan Laut,
Pa Éddy remen jadi imam atawa hotib
ari juma'ahan di lingkungan kantorna.

Cita-citana jadi palaut geus tumuwuh
ti keur jaman sakolana kénéh.
Nu matak saréngséna ti AMS téh,
nyaeta sakola satingkat SMA di Jaman Walanda,
nya neruskeun ka Zeevaat Technische School
alias Sakola Téhnik Pelayaran.
Satingkat jeung akademi mun ayeuna mah.

Hanjakal, Pa Éddy teu bisa ngaréngsékeun sakolana
Ari sababna, kapegat ku Perang Pasipik.
Tentara Jepang asup ngeréh Pulo Jawa.
Harita loba sakola anu tutup atawa ditutup.
Salian ti harénghéng téh, kaayaan kacida weritna.
Komo Sakola Tehnik Pelayaran mah
tempat Pa Eddy nyuprih élmu, ditutup ku Jepang.

Bari ngadagoan sakolana dibuka deui,
tamba nganggur teuing Pa Éddy digawé
di Kantor Besar Karéta Api Bandung.
Tapi digawéna ogé henteu lila.
Sabab, basa aya béja yén Jepang
muka sakola pelayaran pikeun rayat Indonésia,
Pa Éddy milu daptar ka éta sakola.

Pa Éddy kaluar ti pagaweanana.
Sup ka Sekolah Pelayaran Tinggi (SPT) di Jakarta,
anu dikokolakeun ku Jepang.
Pa Éddy ditarima jadi siswa tingkat lanjutan,
sabab saméméhna kungsi meunang pangajaran
di Sakola Téhnik Pelayaran téa.

Kamampuhna nyangkem basa Walanda,
basa Inggris, jeung basa Jepang,
gedé pangaruhna kana pangajaranana di SPT.
Katambah ku resep maca deuih,
munasabah upama Pa Éddy jadi siswa
anu pangnyongcolangna di kelasna téh.

Nu matak, satamatna ti SPT,
Pa Éddy ditarik jadi guru bantu di SPT.
Malah saterusna mah kapapancénan
jadi nakoda kapal latih Dai-28 Sakura Maru.
Pancénna nyaéta ngalatih parasiswa SPT,
anu umumna bangsa urang.

Bungah ku hiji ku dua meunang éta pancén téh.
Kahiji, luyu jeung cita-citana.
Kaduana, bungah lantaran bisa ngalatih
parapamuda bangsana sorangan
pikeun jadi palaut anu tanggoh.
Palaut anu bisa diandelkeun ka hareupna.

Pa Éddy yakin pisan,
hiji mangsa mah bangsana téh
bakal leupas tina genggeman Jepang.
Tangtu baris mikabutuh palaut-palaut
bangsana sorangan anu bisa diandelkeun,
boh pikeun kapentingan angkutan
boh pikeun kapentingan kaamanan.

Apan nagara urang téh nagara maritim,
nagara anu dua-pertiluna diwangun ku laut.
Pikeun patalimarga antarpulo,
mikabutuh palaut-palaut anu tanggoh.
Kitu deui pikeun ngamankeun nagara,
utamana ti pihak-pihak anu boga karep
ngacowkeun jeung ngabinasa nagara urang.

Kurang leuwih sapuluh bulan
Pa Eddy mancén tugas di kapal Jepang
Dai - 28 Sakura Maru téh.
Dina awal Agustus 1945,
dina mangsa bangsa urang tatan-tatan
pikeun nyanghareupan kamerdékaan,
Pa Éddy ngécagkeun pancénna.

Babarengan jeung babaturanana
anu sarua pada-pada palaut,
Pa Éddy aktif milu bajoang.
Malah puseur kagiatananana
sarta markas pamuda palaut teh,
nya di bumi Pa Éddy pisan.

Nya di dinya parapamuda palaut
ngayakeun rapat-rapat katut kagiatan lianna,
sarta ngayakeun hubungan langsung
jeng para pamingpin pergerakan kemerdékaan,
saperti Bung Karno jeung Bung Hatta.
Pa Éddy minangka pamingpinna,
di kalangan pamuda palaut mah.

Tanggal 17 Agustus 1945,
Proklamasi Kemerdékaan Républik Indonésia,
diumumkeun di Jalan Pegangsaan Timur 56, Jakarta,
anu dibaca ku Bung Karno dibarengan ku Bung Hatta,
Pa Éddy jeung parapamuda palaut séjénna,
milu nyaksian langsung di Pegangsaan Timur.


Sanggeus Indonésia merdéka,
Pa Éddy meunang pancén anu penting,
nyaéta milu marajian lahirna BKR-Laut,
anu engkena jadi TNI-Angkatan I,aut.
BKR singgetan tina Barisan Keamanan Rakyat.
Harita anu jadi pingpinan BKR-Laut
nyaéta Pa M. Pardi, ari Pa Eddy jadi staf pingpinan.

Dina mangsa-mangsa awal kamerdékaan,
perjoangan Pa Éddy téh beuki natrat baé.
Utamana dina ngabebenah jeung ngawangun
angkatan laut anu tanggoh tur bisa diandelkeun.
Sabab dihenteu-henteu ogé nagara urang téh,
nagara maritim, nagara anu mibanda laut lega.

Sawatara jabatan anu kungsi dicangking ku anjeunna,
di an¬tarana jadi WakilPingpinan BKR- Laut Pusat,
ngarangkep jadi wakil pingpinan BKR-Laut Jawa Barat.
BKR-Laut dirobah ngaranna jadi TKR-Laut.
TKR téh singgetan tina Tentara Keamanan Rakyat.
Pa Éddy jadi Perwira Staf TKR-Laut.

Basa TKR-Laut dirobah ngaranna jadi ALRI,
singgetan tina Angkatan Laut Républik Indonésa,
Pa Éddy jadi Kepala Staf Operasi V,
ngawengku Bagian Perencanaan ALRI.
Terus jadi Pingpinan Pendidikan Opsir Kalibakung;
anu mibadan pancén meuseuh paracalon
prajurit Angkatan Laut anu bisa diandelkeun.

Salian ti éta, Pa Éddy ogé kungsi jadi
Staf Pingpinan Pangkalan IV Tegal di Wonosobo;
Kepala Jawatan Pendidikari ALRI;
Kepala Staf Komando Daérah Maritim Surabaya;
jeung Staf Operasi Angkatan Laut Jakarta.
Éta téh jabatan anu dicangking ku Pa Éddy
nepi ka réngséna Agrési Militer I.

Dumasar kana hasil babadamian
Konférénsi Méja Bun¬dar (KMB),
Pa Éddy kapapancénan kudu nampa
hiji kapal perang ti Angkatan Laut Walanda,
ngaranna HMS Morotai.
Sanggeus jadi milik urang,
ku Présidén Sukarno ngaranna diganti
jadi Hang Tuah.

Tétéla kapal perang Hang Tuah téh
jadi kareueus bangsa urang.
Gedé jasana ka lemah cai,
di an¬tarana baé milu numpes
Pemberontakan Andi Aziz di Sulawesi
jeung RMS di Maluku.
Suksésna kapal Hang Tuah,
tangtu baé ditangtukeun ku komandanna,
nyaéta Pa Éddy Martadinata.

Marén ti dinya, Pa Éddy meunang pancén séjén.
Anjeunna kudu miang ka Nagri Walanda,
pikeun mawa kapal perang jenis pemburu torpédo,
anu ngaranna HMS Tjerk Hiddes.
Geus datang ka urang mah
ngaranna diganti jadi KRI Gajah Mada.
Nya Pa Éddy anu ditunjuk jadi komandanna téh.

Salaku komandan kapal KRI Ciajah Mada,
kalungguhanana téh leuwih luhur
batan komandan-komandan kapal séjénna.
Ari sababna, KRI Gajah Mada téh mangrupa
kapal pingpinan ti Kesatuan Kapal Perang ALRI.
Kacida diandelkeunana enggoning
ngajaga pertahanan nagara urang di laut.

Karir Pa Éddy terus nérékél sarta nyongcolang.
Taun 1953 anjeunna dibéré kasempetan pikeun
ngaronjatkeun kamampuh jeung pangaweruhna.
Pa Éddy di sakolakeun ka Amérika Serikat.
Milu pendidikan di General Line School
nu diayakeun ku Angkatan Laut Amerika Serikat
anu katelah US Navy téa.

Lila pendidikanana téh genep bulan.
Ari Pa Éddy di Amerikana téh dalapan bulan,
sabab dibéré kasempetan pikeun neruskeun
kana neuleuman organisasi jeung manajemen
Angkatan Laut Amerika Serikat, salila dua bulan.
Éta kasempetan téh dimangpaatkeun sahadé-hadéna,
anu baris dipaké pikeun ngaronjatkeun
ajén jeung kamampuh angkatan laut nagara urang.

Samulangna ti Amérika Serikat,
Pa Éddy diangkat jadi Kepala Biro
Perencana Staf Angkatan Laut, di Jakarta.
Henteu lila, Pa Éddy meunang pancén
anu kawilang beurat nyaeta jadi Ketua Missi
Pengawas Pembuatan Kapal-kapal Perang ALRI di luar negeri. Memang, harita teh ALRI keur ngahangkeut¬keun
meulian kapal-kapal perang jeung senjata.

Kapal perang anu mimiti dibeuli ku ALRI
nyaéta opat kapal perang buatan Itali.
Salaku Ketua Missi dina éta kagiatan,
tangtu we Pa Éddy téh kudu ka Itali.
Pa Éddy miang ka ditu pas awal taun 1955.
Pancénna nalingakeun kapal-kapal urang
anu dijieun di ditu.

Tilu taun ti harita, kapal-kapal perang
pesenan ALRI teh réngsé.
Dua kapal jenis korvét dingaranan
KRI Pattimura jeung KRI Hasanuddin,
dua deui kapal jenis fregat dingaranan
KRI Imam Bonjol jeung KRI Suropati.
Pa Éddy dianggap suksés ngajalankeun missina.

Salila Pa Éddy di Itali,
pangkatna kungsi naek jadi Létnan Kolonél,
sarta diangkat jadi Komandan
Kesatuan Angkatan Laut di Itali (Kalita)
Waktu jadi Komandan Kalita,
Pa Éddy ngarangkap jadi Ketua Komisi Pengawas
pikeun meulian matéril perang ti Yugoslavia deuih.
Éta dua pancén téh dilaksanakeun kalayan daria.

Nu matak hasilna ogé nyugemakeun.
Kapercayaan pamaréntah jeung ALRI
ka Pa Éddy téh beuki gedé baé.
Yakin yén Pa Éddy prajurit anu bisa diandelkeun.
Bulan April 1955, anu keur aya di Itali,
diala ku pamaréntah RI sina mulang ka lemah cai.
Pa Eddy diangkat jadi Pemangku Sementara
Kepala Staf Angkatan Laut.
Pangkatna ogé ditaékkeun jadi Kolonél.

Opat taunt i harita, tangga1 25 Juli 1959,
Pa Eddy dilantik jadi Kepala Staf Angkatan Laut,
ngaganti KSAL saméméhna,
Laksamana Madya R. Subiyakto.
Umur Pa Eddy harita kakara 38 taun.
Kaasup ngora pikeun nyangking
kalungguhan puseur hiji angkatan mah.

Salian ti éta, Pa Éddy ogé jadi
Menteri ék Officio dina Kabinet Kerja.
Pangkatna oge naék jadi jadi Komodor Laut.
Teu kungsi sataun pangkatna naék deui
jadi Laksamana Muda Laut.
Bisa disebut¬keun salila sataun téh,
Pa Éddy ngalaman tilu kali naék pangkat.
Weu, kaasup anu istiméwa atuh.

Bulan Juli 1963 sakuduna mah masa jabatan
Pa Éddy salaku Menteri KSAL téh geus réngsé.
Tapi lantaran nilik kana préstasina,
sarta pikeun neruskeun hanca garapanana
ngawangun Angkatan Laut,
Pa Éddy diangkat deui jadi Menteri KSAL.
Sataun ti harita pangkatna naék deui
jadi Laksamana Madya Laut.

Kakara marén tina eta jabatan bulan Pebruari 1966.
Bulan September dilantik jadi duta besar di Pakistan,
sarta dina tanggal 5 Oktober 1966,
ninggang dina Hari Angkatan Bersen¬jata,
pangkatna ditaekkeun deui jadi Laksamana Laut.
Nya anjeunna Laksamana anu munggaran
di Angkatan Laut Républik Indonésia mah.

Hanjakal, sapoé ti sanggeus jadi Laksamana,
Pa Éddy Martadinata ngantunkeun.
Ninggalkeun hasil gawéna,
nyaéta dadasar Angkatan Laut anu kuat.
Pa Éddy wapat tanggal 6 Ok¬tober 1966,
lantaran kacilakaan hélikopter
di wewengkon Riung Gunung, Puncak.

Pa Éddy teh salasaurang putra Indonesia
anu teu weleh satia ka lemah caina.
Anjeunna milu numpes sawatara pemberontakan,
saperti pemberontakan Andi Azis, Soumokil,
Permésta/PRRI, jeung sajabana ti éta.
Anjeunna deuih anu pang¬heulana teu satuju,
malah nyerang Déwan Révolusi/Géstapu PKI.

Pa Éddy téh dipikacinta ku rahayat,
komo ku anak buahna mah.
Éta baé, basa marén tina jabatanana
salaku Menteri KSAL;
Angkatan Laut ngayakeun acara
paturay tineung anu rongkah.
Kaasup upacara anu pangrongkahna wé
sapanjang sajarah Angkatan Laut RI mah.

Pa Éddy deukeut jeung anak buahna,
komo dina kagiatan anu aya patalina
jeung karesep atawa hobina.
Pa Éddy resep maénbal jeung musik jazz.
Sorana kawilang alus deuih.
Anu matak upama aya acara-acara hiburan,
utamana di kesatuanana Pa Éddy sok
milu ngahaleuang lagu karesepna.

Bukti séjén yén Pa Éddy dipikacinta ku rahayat,
méh unggal pustakamangsa ngamuat lalakonna.
Méh unggal poé, ti satutasna wapat tea,
pustakamangsa harita ngamuat pamanggih
katut tanggapan masarakat kana perjoanganana.
Ti mimiti surat pembaca, artikel,
malah teu saeutik anu winangun sajak ogé.

Pa Éddy Martadinata anu munggaran
nyangking pangkat Laksamana di TNI-AL.
Anjeunna ogé salasaurang tina dua
Pahlawan Nasional nu asalna ti jajaran TNI-AL.
Saurang deui nyaeta Yos Sudarso,
anu gugur di Laut Aru téa.

Salengkepna......

KYAI TAPA

Kyai Tapa téh urang Banten. Harita, kira-kira abad kadalapan welas, Banten téh geus aya dina genggeman Kumpeni. Ari nu jadi sultanna nyaéta Sultan Muhamad Zainul Arifin. Banten anu tadina nagara bébas merdéka, ayeuna mah kudu nurut kana sagala kahayang Kumpeni. Lain dina urusan dagang baé kituna téh. Kaasup dina widang pamaréntahan.

Saenyana mah Kyai Tapa agé masih kénéh teureuh ménak, terah kusumah Banten. Masih kénéh sadérék Sultan, ngan béda ibu. Jenengan aslina, Pangéran Nagajaya. Ti keur murangkalihna kénéh Pangéran Nagajaya téh resep ngulik élmu agama. Resep tatapa jeung tirakat. Tah, nu matak barang tos sepuh, anjeunna tos jadi ajengan, nelah baé Kyai Tapa.

Kyai Tapa muka pasantrén di sawatara tempat. Upama pasantrénna geus maju, terus dipasrahkeun ka babaturanana atawa ka muridna. Anjeunna muka deui pasantrén anyar di tempat séjén. Panungtung, muka pasantrén di Kampung Karamat. Ayeuna mah kaasup ka Jakarta, sarta nepi ka kiwari disarebutna téh Kam¬pung Kramat.

Pasantrénna kacida majuna. Santri-santrina datang ti mana-mendi, ti sakuliah Nusantara. Malah teu saeutik bangsa deungeun ogé anu ngadon masantrén di dinya. Bisa disebutkeun, mangsa harita mah éta pasantrén téh mangrupa puseur kagiatan pikeun nyebarkeun agama Islam di Batawi jeung sabudeureunana.

Barang tos maju ka sepuh, anjeunna tatapa di Gunung Munara. Malah saterusna mah, Gunung Munara téh dijadikeun markas gerakan Kyai Tapa enggoning ngalawan Kumpeni. Gunung Munara téh perenahna di Jasinga, Kabupatén Bogor. Nya di dinya anjeunna ngumpulkeun pasukanana téh. Dilatih kana rupa-rupa kaparigelan kaprajuritan.

Harita kaayaan Banten téh keur kacida riceuwna. Ari sababna, Sultan Banten kakokop ku praméswarina anu ngaran Fatimah. Fatimah téh saenyana mah anték Kumpeni. Manéhna anak sudagar Arab anu raket jeung Kumpeni. Geulis jeung perténtang deuih. Anu matak pantes upama Sultan Haji nepi ka kapincut téh.

Ku Kumpeni Fatimah ngahaja sina némpél Sultan. Maksudna taya ti lian pikeun ngahihileudan di jero karaton. Ngalap élmu rinyuh. Karaton Banten dikorowotan di jerona, ambéh koropok. Mun geus koropok jeung ropoh, tangtu babari ngaruntuhkeunana.

Fatimah dijadikeunana praméswari téh ngaléngkahan tilu geureuha Sultan anu séjénna. Fatimah ngangkat dirina sorangan jadi wanita nomer hiji di Kasultanan Banten. Maké gelar resmi Ratu Syarifah Fatimah. Dulur-dulurna ogé kabéh dibéré gelar Pangéran Syarif, sarta dibéré kalungguhan anu luhur.

Pikeun mageuhan kalungguhanana, Fatimah ogé geuwat nyieun klik atawa komplotan. Ngumpulkeun sawatara ménak Banten anu biluk ka manéhna. Malah teu kireum-¬kireum ngaku turunan Sayidina Huséin anu kalima. Jadi, ngaku-ngaku turunan Kangjeng Nabi Muhammad.

Adat kabiasaan karaton anu henteu dipikaresep ku manéhna, diromak atawa diganti. Sakur pagawé anu henteu tunduk ka manéhna, gancang dipocot. Terus diganti ku pagawé anu satia ka manéhna. Fatimah jadi ngaraja déwék pisan di Kasultanan Banten téh. Ari Sultan henteu bisa nanaon, da kakokop téa.

Fatimah henteu sugema ku jadi praméswari baé. Cita-¬citana leuwih luhur ti kitu, nyaéta hayang ngarebut kakawasaan Sultan Banten. Tangtu baé ku cara anu lantip. Mimitina paraménak Banten anu teu sapagodos jeung manéhna, diusir ti Kasultanan Banten. Kaasup Pangéran Gusti, anu dicalonkeun baris jadi Sultan Banten. Carana dipitenah. Pangéran Gusti dipitenah majar geus nyieun komplotan pikeun ngarebut kakawasaan Sultan jeung merangan Kumpeni. Pangéran Gusti ditangkep ku Kumpeni sarta dihukum buang ka Sélong (Srilangka ayeuna mah).

Malah ahirna mah Sultanna ogé disingkahkeun. Sultan Zainul Arifin didakwakeun ka Kumpeni, majar owah, sok ngangsonan rahayat sangkan baruntak ka Kumpeni. Sul¬tan ogé ditangkep ku Kumpeni. Mimiti ditawan di Pulo Édam anu aya di Teluk Jakarta. Terus dipindahkeun deui ka Ambon. Nepi ka wapatna di dinya.

Cita-cita Fatimah geus laksana. Tangtu baé ku lantaran disokong ku Kumpeni. Ahirna mah Fatimah téh ngangkat dirina sorangan jadi Sultan Banten. Dina ngajalankeun pamaréntahanana, salawasna gumantung ka Kumpeni. Ceuk Kumpeni kitu, ceuk Kumpeni kieu, kabéh diturut ku Fatimah.

Anu untung mah jelas Kumpeni. Minangka buruhanana nyokong gerakan Fatimah, Kumpeni ménta buruh. Kumpeni ménta satengahna tina hasil emas di Tulangbawang, satengahna tina hasil pedes di Lampung, jeung ménta tanah anu kacida legana di peuntaseun Kota Tangerang. Ku Fatimah ditedunan.

Tah, kaayaan Banten kitu téh ngalantarankeun paraménak jeung rahayat Banten baruntak. Banten disultanan ku nu lain hakna, jaba deuih tindakanana sakarep ingsun. Komo sanggeus Fatimah ngangkat alona jadi calon Sultan Ban¬ten mah. Ari anu boga hakna kalah dipecleng-peclengkeun. Atawa ditangkep jeung ditahan bari henteu puguh alesanana.

Mireungeuh kaayaan kitu, rahayat Banten ogé henteu cicingeun. Ceg kana pakarang masing-masing, baruntak merangan pasukan Fatimah jeung ngagempur soldadu Kumpeni. Rahayat Banten ogé apal, Kumpeni anu jadi dalang kariceuwan di Banten téh. Gur-ger perang di ditu di dieu. Méh saban poé taya eureunna.

Pasukan Banten anu baruntak ka Fatimah jeung ka Kumpeni dipingpin ku Bagus Buang, alo Sultan Zainul Arifin. Bagus Buang téh jenengan aslina mah Ratu Bagus Burhan atawa Tubagus Burhan. Nénéhna Bagus Buang. Dina éta perang téh, sok silihéléhkeun baé. Jadi tara aya nu meunang. Ku lantaran kitu, nya Bagus Buang téh minangsaraya ka Kyai Tapa. Ari sababna, Kyai Tapa téh kaasup ulama anu kacida dipikaajrihna ku urang Banten. Jeung loba santrina deuih. Malah henteu saeutik urut santrina anu geus boga pasantrén sorangan. Harita Kyai Tapa geus madepokeun di Gunung Munara téa.

Kyai Tapa nedunan paménta Bagus Buang, sabab mémang ti saméméhna ogé anjeunna téh geus ngangres ningali kaayaan Kasultanan Banten anu diacak-acak ku deungeun-deungeun. Kyai Tapa geus boga tékad anu panceg, ulon-ulon kariceuwanana kudu disingkahkeun.

Kyai Tapa mepek balad di Gunung Munara. Pasukan anu dibentuk ku Kyai Tapa, lain santri-santrina anu aya di padepokanana wungkul. Urut santrina anu geus baroga pasantrén sorangan ogé milu ngagabung bari ngerid santri-santrina. Geus puguh ari pasukan anu dipingpin ku Bagus Buang mah.

Der baé atuh merangan Kumpeni jeung ngarurug pasukan Fatimah. Tah, ti barang Kyai Tapa jeung santri-santrina turun mah, rahayat Banten ogé loba anu ngagabung. Atuh balad Fatimah jeung balad Kumpeni téh teu bisa mingé. Maranéhna nandangan wiwirang méh dina saban perang.

Tétéla pasukan Kyai Tapa jeung Bagus Buang téh kacida tanggohna. Éta wé, pikeun nyanghareupanana, Kumpeni téh kapaksa ngadatangkeun pasukan-pasukan ti peuntas jeung ti Bagelén. Malah ngadatangkeun baladna ti Maluku, anu ku urang Banten mah disarebutna téh Blandeu Ireng, hartina Walanda Hideung. Tapi angger teu kuateun ngalawan pasukan Kyai Tapa mah.

Banten anu dijaga kacida kerasna ku pasukan Fatimah jeung Kumpeni, dikepung. Der perang rongkah di wates puseur dayeuh Surosowan. Pasukan Fatimah éléh jajatén. Paburantak, lalumpatan kabur katawuran. Karaton Surosowan jeung puseur dayeuh Banten bisa kacangking ku pasukan Kyai Tapa.

Urang Walanda anu mantuan Fatimah ngarungsi ka Bénténg Speelwijk. Bénténg Kumpeni di Banten anu kacida diandelkeunana. Wangunanana kacida tohagana. Pasukan Kyai Tapa jeung pasukan Bagus Buang ngepung wakul éta bénténg. Nepi ka urang Walanda téh henteu bisa kalaluar ti éta benténg.
Salila di jero benténg, maranéhna diparak. Henteu dibéré cai beresih. Pokona mah diboikot wé. Balukarna, loba soldadu Kumpeni di Bénténg Speelwijk anu maot kalaparan jeung keuna ku kasakit. Dina kaayaan kitu, pasukan Kyai Tapa ngarurug éta benténg. Pasukan Kumpeni teu bisa hojah. Komo sanggeus Kaptén Philipe, anu ngapalaan éta benténg tiwas mah. Kapaksa Kum¬peni téh ngélébétkeun bandéra bodas. Serah bongkokan.

Ti dinya pasukan Kyai Tapa jeung pasukan Bagus Buang neruskeun lalampahanana, maju ngétan. Maksudna rék ngarurug Kumpeni di Batawi. Fatimah jeung komplotanana mah henteu diharu-¬biru. Kyai Tapa nganggap Fatimah mah ukur bonéka. Ari dalangna mah Kumpeni. Jadi anu kudu mimiti dirurug téh Kumpeni heula. Lamun Kumpeni geus taluk mah, Fatimah jeung komplotanana ngan kari nyeumpal baé.

Kacaritakeun pasukan Kyai Tapa téh indit ka Batawi. Sajajalan nyocolan benténg-bénténg Kumpeni nu kaliwatan. Mémang umumna mah bénténg-bénténg laleutik. Tangtu baé moal kuat ngalawan pasukan Kyai Tapa anu leuwih tohaga mah. Senjatana dirampas, ari bénténgna diduruk. Mayit-mayit tentara Kumpeni patulayah méh di unggal bénténg.

Batawi dirurug ku pasukan Kyai Tapa. Peristiwa anu matak gegebegan bangsa kulit putih. Anu katéwak mah geus tara dibéré ampun deui, dipaténi. Bénténg Kumpeni di Batawi anu tohaga téh, dikepung wakul buaya mangap ku pasukan Kyai Tapa. Balad Kyai Tapa geus réa anu patingkarayap di handapeun pangbedilan. Karepna mah bénténg téh arék digangsir.

Kumpeni geumpeur jeung gimir. Anu aya di jero bénténg kabéh ngarasa tagiwur. Pokona mah, salila Kumpeni ngeréh lemah cai urang, can kungsi nyorang bahaya anu kacida gedéna kawas harita. Serangan Kyai Tapa leuwih bahaya batan serangan Sultan Agung Mataram saméméhna. Hal éta diaku ku urang Walandana sorangan gé.

Nilik galagat kitu, pikeun nyegah ajur-leburna bangsa Walanda di Batawi, Gupernur Jéndral Jacob Mossel méré tangara gencatan senjata, sarta ngajak.badami. Tuluy baé Kyai Tapa babadian jeung utusan Kumpeni. Kyai Tapa daék narima pangajak Kumpeni pikeun nunda peperangan, tapi aya saratna.

Sarat anu kahiji: Fatimah anu jadi bibit-buit panyéréwédan supaya ditangkep, tuluy dibuang atawa digantung. Kalungguhan Sultan Banten sangkan dipasrahkeun deui ka nu boga hakna, nyaéta Pangéran Gusti anu harita keur diasingkeun ka Sélong. Éta sarat ditarima ku Kumpeni. Fatimah ditangkep sarta diasingkeun ka Pulo Édam. Malah terus dibuang ka Pulo Banda. Engkéna, Fatimah maot di pangbuangan dina kaayaan anu pohara sangsarana. Pikeun saheulaanan, peperangan bisa dieureunkeun.

Dasar Kumpeni, maranéhna ngatur siasat anyar pikeun merangan pasukan Kyai Tapa. Mangsa gencatan sen¬jata ku Kumpeni digunakeun pikeun nohagaan pasukanana. Dadakuna mah ménta waktu pikeun mawa Pangéran Gusti anu dibuang ka Sélong. Padahal saenyana mah henteu kitu. Kumpuni ménta bantuan ti nagrina, nguyang balad. Salian ti jumlahna loba téh, senjatana ogé leuwih tohaga deuih. Terus nyampeur tentara Walanda anu aya di Tanjung Harapan, Afrika Kidul. Ti dinya mah kakara baé nyampeur Pangéran Gusti, anu cenah rék dipulangkeun ka rahayat Banten.

Mémang ahirna mah Pangeran Gusti jadi Sultan Banten, tapi sanggeus kaselang heula ku nu séjén. Nyaéta ku Sultan Zainul Alimin, anu sasatna mah dijenengkeun ku Kumpeni. Tah, diangkatna Sultan Zainul Alimin nguciwakeun rahayat Banten. Der perang deui. Kyai Tapa jeung Bagus Buang mingpin deui pasukanana ngagempur Kumpeni.

Ngan ayeuna mah ngagunakeun taktik gerilya, teu cara perang ti heula. Ari sababna, kakuatan Walanda geus nikel, boh jumlah ten¬tarana boh pakarangna. Najan kitu, angger baé Kumpeni téh kariripuhan. Mémang pasukan Kyai Tapa mah geus biasa mileuweungan. Béda jeung pasukan Kumpeni. Anu matak pantes upama pasukan Kumpeni mindeng kawiwirangan téh.

Ayeuna mah wilayah perjoangan Kyai Tapa téh ngalegaan. Lain di Banten wungkul, tapi sa-Pulo Jawa. Geus puguh ari di Jawa Barat mah. Diudag di Banten, kabur ka Sukabumi. Diudag ka Sukabumi, mucunghul di Cianjur. Kitu jeung kitu baé. Sarta méh di unggal daérah pasukan Kyai Tapa ngadatangkeun karugian pikeun Kumpeni.

Leuwihna ti éta, dina berjoangna téh Kyai Tapa mah geus henteu katalian ku kadaérahan. Pokona mah, musuhna anu utamana téh Kumpeni. Sing saha baé anu keur mumusuhan jeung Kumpeni, pasti bakal dibantuan ku Kyai Tapa jeung pasukanana. Di antarana baé mantuan urang Mataram anu keur baruntak ngalawan kaom penjajah Kumpeni di Jawa Tengah. Ti dinya terus ngétan deui, mantuan pasukan Pangéran Cakraningrat anu keur bajoang di Jawa Timur. Sarua deuih, ngalawan kaom penjajah Kumpeni.

Pasukan Banten anu dipingpin ku Kyai Tapa jeung Bagus Buang eureun perang gerilya sanggeus Pangéran Gusti diangkat jadi Sultan Banten. Jadi, pasukan Kyai Tapa mah lain lantaran bisa ditumpes ku Kumpeni eureunna téh. Eureun lantaran karepna sorangan.

Ratu Bagus Buang atawa Bagus Buang, wapat di Cibaliung, Banten Kidul. Ayeuna mah kabawah ka Pandéglang. Ari Kyai Tapa, neruskeun tapana di Cianjur. Henteu balik deui ka Banten, sabab henteu téga nénjo nagrina anu geus disebitan ku Kumpeni. Nepi ka wapatna ogé angger matuh di Cianjur.

Salengkepna......

KH ZAINAL MUSTAFA

Kiai Haji Zainal Mustafa téh pahlawan nasional anu asalna ti kalangan pasantrén. Anjeunna téh pituin urang Singaparna, Tasikmalaya. Numutkeun katerangan mah, dibabarkeunana taun 1907. Jenengan nuju alitna mah Hudaémi, nénéhna Umri. Sabada munggah haji, jenenganana digentos jadi Haji Zainal Mustafa.

Ti keur umur sapuluh taun, Hudaémi geus kataji ku bag¬bagan agama. Ari sakolana mah di Sakola Rayat. Jadi, salian ti sakola téh, diajar ngaji ka sawatara kiai nu aya di lemburna. Uteukna éncér. Di sakolana kaasup murid anu nyongcolang. Kitu deui di pangajianana. Éta baé, dina umur dua belas taun téh geus mampuh nyangkem ayat¬-ayat Qur'an katut élmu nahu jeung sorof.

Sanggeus tamat ti Sakola Rayat, Hudaémi neruskeun diajarna ka pasantrén. Henteu ngan di hiji pasartrén baé diajarna téh, tapi sok pipindahan. Di antarana baé di Pasantrén Gunungpari, Cilenga, Sukaraja, Sukamiskin, jeung Jamanis. Keur mah pinter, daék diajar, puguh wé élmuna leuwih onjoy dibandingkeun jeung nu saumurna mah.

Dina umur dua puluh taun, anjeunna geus ngadegkeun pasantrén sorangan di Cikembang. Nya dingaranan Pasantrén Sukamanah. Beuki lila, pasantrénna téh beuki gede baé. Dina jero lima belas taun, Pasantrén Sukamanah geus kawéntar ka mana-mana. Lulusanana sumebar di sakuliah Jawa Barat. Malah teu saeutik anu terus ngadegkeun pasantrén di lembur¬na ogé.

Anu diajarkeun di pasantrénna, lain ngeunaan bagbagan agama Islam baé. Ngeunaan pangaweruh umum ogé diajarkeun deuih. Utamana mah anu aya patalina jeung sumanget kabangsaan. Sumanget pikeun ngabéla agama, bangsa, jeung nagara. KH Zainal Mustafa miboga pangaeruh anu kawilang jembar ngeunaan kondisi jeung situasi nagara jeung bangsa urang alam harita.

Beuki lila, komara jeung wibawa KH Zainal Mustafa téh beuki nanjung. Aweuhan jeung pangaruhna beuki nyebar baé. Tangtu wé, pikeun Pamarentah Walanda mah dianggap ngabahayakeun, kaayaan sarupa kitu téh. Tuluy ngayakeun tarékah pikeun ngungkulanana.

Mimitina ku cara lemes. KH Zainal Mustafa diajak gawé babarengan. Dibibita ku rupa-¬rupa kapangkatan. Kabéh ogé taya anu ditedunan. Hal éta luyu jeung sikep KH Zainal Mustafa anu antipenjajah, antikolonial. Ceuk anjeunna mah, gawé bareng jeung pamaréntah jajahan téh sarua baé jeung ngajual bangsa katut agamana sorangan.

Teu bisa ku cara lernes, nya dikasaran. Gerak-gerik KH Zainal Mustafa terus diintip-intip ku Pamaréntah Hindia Walanda jeung antek-antekna. Kawasna maranehna ogé ngambeu yén sistim pendidikan agama di Pasantrén Sukamanah ngajurus kana gerakan antipenjajah, antikolonial, anti Pamaréntah Hindia Walanda. Kitu deui jeung pasantrén-pasantrén anu dipingpin ku urut santri KH Zainal Mustafa.

Nya tungtungna mah Walanda téh nangkep KH Zainal Mustafa. Ari alesanana, KH Zainal Mustafa dianggap ngojok-ngojok rahayat jeung pamuda sangkan ngalawan ka pamaréntah anu sah. KH Zainal Mustafa dibui di Sukamiskin, jeung sawatara babaturanana, di antarana baé Kiai Ruhiat, anu kungsi jadi santrina.

Meunang 53 poé di hotél perdéona téh. Dibébaskeun. Balik deui ka lemburna, KH Zainal Mustafa kalah beuki wani. Terus nyebarkeun paham antipenjajah jeung antikolonial, méh unggal usik. Tétéla, panjara téh taya pangaruhna keur KH Zainal Mustafa mah, henteu mareuman sumangetna, tapi kalah beuki ngagedurkeun tékadna pikeun ngalawan kaom penjajah.

Nepi ka dina ahir Pébruari 1942, KH Zainal Mustafa ditangkep deui ku Pamaréntah Hindia Walanda. Nya di bui di Panjara Ciamis. Jadi, sabenerna mah barontakna KH Zainal Mustafa téh lain Jaman Jepang wungkul. Saméméhna ogé geus anti penjajah. Lamun dina tatabeuhan mah, kajadian di Jaman Jepang téh minangka goongna.

Waktu Jepang asup ka urang, KH Zainal Mustafa téh masih keneh dibui di Panjara Ciamis. Harita ogé aya Kolonél Jepang anu ngolongan ka KH Zainal Mustafa. Heug cenah dibébaskeun ti buina, asal KH Zainal Mustafa daék cekel gawé di Sendenbu, mun ayeuna mah Departemén Penerangan, pikeun ngabantu jeung mingpin propaganda Jepang.

Ari jawaban KH Zainal Mustafa kira-kira kieu, “Ayeuna mah moal wara méré kapastian, lantaran masih kénéh capé. Hayang istirahat heula.” Caritana KH Zainal Mustafa téh dibébaskeun wé. Jepang miharep, KH Zainal Mustafa daék mantuan Jepang dina nyanghareupan Perang Dunya II, anu harita keur ragot-ragotna.

Sadatangna ka lemburna, K.H. Zainal Mustafa kacida dibagéakeunana ku sakumna masarakat. Bubuhan sono téa, lila ninggalkeun lembur. Rahayat datang ti suklakna ti siklukna mapag balikna inohong nu dipikasérab jeung dipikaajrih ku saréréa. Malah anu ti jauhna ogé daratang.

Dina éta kasempetan KH Zainal Mustafa pidato. Eusina, di antarana baé, ngawawadian sangkan rahayat ulah kapangaruhan ku propaganda Jepang jeung anték-antékna. Anjeunna ngécéskeun, yén nagara urang téh kakara ganti anu ngajajah, ti Walanda ka Jepang. Ti penjajah nu hiji ka penjajah nu séjénna.

Hartina, bangsa urang téh can merdéka. Taya alesan pikeun bungah ku robahna kaayaan. Anjeunna umajak sangkan rahayat sabar dina nyanghareupan kaayaan anu teu pasti. “Hayu urang tuturkeun jeung urang saksian babarengan, naon nu baris kajadian engké.” Kitu ceuk anjeunna téh.

Terusna mah KH Zainal Mustafa téh ngajar deui wé di pasantrénna. Neruskeun hanca garapanana ngabina jiwa katut méntal rahayat jeung parapamuda, enggoning ngaronjatkeun rasa cintana kana agama, bangsa, jeung lemah cai. Sikepna anu antipenjajahan, beuki témbrés baé ayeuna mah.

Pamaréntah Jepang terus ngadongsok sangkan KH Zainal Mustafa daék diajak gawé babarengan. Sababaraha kali Jepang ngirimkeun utusan, tapi kabéh ogé taya nu ditedunan. Antukna mah Pamaréntah Jepang téh curiga. Malah KH Zainal Mustafa téh bet kalah beuki ngajauhan baé.

KH Zainal Mustafa henteu panuju kana tindakan Jepang. Bangsa Jepang anu cenah rék ngabébaskeun bangsa Indonésia, dina emprona mah bet sarua ngagalaksakna jeung Walanda. Salila aya dina genggeman Jepang, bangsa urang téh kacida balangsakna.

Kahirupan rahayat harita leuwih balangsak ti Jaman Walanda. Hésé dahareun, lantaran harta bandana digerejud ku Jepang, dipaké bekel perang ku maranéhna. Loba rahayat anu paéh langlayeuseun. Pakéanana ogé henteu mangrupa. Dibaju kadut, kulit kai, atawa karét téh dianggap lumrah Jaman Jepang mah.

Parapamuda anu jagjag waringkas dipaksa jadi tentara. Mun teu kitu dijadikeun romusha. Diarah tanagana bari henteu dibayar, pikeun kapentingan tentara Jepang. Loba anu ngan balik ngaran alatan romusha téh. Pokona mah kahirupan téh kacida susahana Jaman Jepang mah.

KH Zainal Mustafa henteu api lain kana nasib nu karan¬dapan ku bangsana. Terus waé nangtukeun sikep anu tegas. Pamaréntah Jepang henteu kudu dibantuan. Malah leuwih jauh ti kitu, geus nyieun rarancang pikeun ngagempur Jepang. Jepang kudu ingkah ti nagara urang.

Éta rarancang téh dibagi dua bagian. Nyaéta rarancang dangka pondok jeung rarancang dangka panjang. Rarancang dangka pondokna, nyiapkeun méntal rahayat jeung nyusun pasukan. Pasukan anu disiapkeun téh lobana 590 urang. Kaasup pasukan inti anu dipingpin ku Najmudin.

Salian ti eta, nyusun rayon pertahanan anu diwangun ku rahayat di sabudeureun Sukamanah, dipingpin ku Haji Hidayat. Anggota pasukan téh dilatih rupa-rupa kaparigelan perang, silat, malah aya anu dibina pikeun jadi ahli sabotaseu ogé. Pokona mah sakur kaparigelan anu baris loba gunana dina derna perang.

Ari rarancang dangka panjangna Pasantrén Sukamanah kudu milu kana révolusi nasional, nu harita keur disusun ku kekentong pulitik bangsa Indonésia di Jakarta. Ieu rarancang téh nétélakeun yén KH Zainal Mustafa miboga sawangan anu jembar kana pasualan bangsana.

Tétéla, sagala kagiatan KH Zainal Mustafa téh ditalingakeun ku pamaréntah kolonial Jepang. Katambah deuih Jepang téh loba mata-matana ti bangsa urang kénéh. Sagala kagiatan KH Zainal Mustafa di Pasantrén di Sukamanah ditepikeun ka urang Jepang.

Narima éta laporan, parapamingpin Jepang sadar yén naon-naon nu dipilampah ku urang Sukamanah téh bisa ngabahayakeun kana kakawasaan pamaréntah kolonial. Tuluy baé narékahan pikeun ngungkulanana. Taya deui carana, iwal ti kudu nangkep pamingpinna, nyaéta KH Zainal Mustafa.

Sababaraha kali Kempe Tai Tasik¬malaya manggil K.H. Zainal Mustafa, boh ku surat boh ku kurir. Tapi KH Zainal Mustafa henteu miroséa. Henteu diturut. Sababna nyaho, sing saha anu dipanggil ku Jepang, sok terus ngaleungit. Mun teu dibui, nya dihukum pati.

Tayohna mah Jepang téh béak kasabaranana. Terus baé ngirim utusan ka Sukamanah. Maksudna, pikeun nangkep KH Zainal Mustafa. Tangtu bae, KH Zainal Mustafa téh henteu narima. Parautusan maksa. Nya pihak Sukamanah ogé henteu cicingeun. Pasukan pulisi, anggota Keibodan, jeung Camat Tasikmalaya anu jadi utusan Jepang téa, ditingker ku urang Sukamanah. Tuluy disetéling.

Parautusan Jepang téh nyerah wé. Senjatana dirampas ku pihak Sukamanah. Tapi taya koban jiwa. Lantaran sikep pihak Sukamanah anu jelas, embung perang jeung bangsana sorangan. Mémang harita nu jadi utusan Jepang téh kabéh ogé bangsa urang kénéh. Bangsa urang anu kumawula ka Jepang.

Éta kajadian jadi panyundut kana kajadian anu leuwih gedé. Sukamanah dirurug ku pasukan pamaréntah Jepang. Harita téh poé Jumaah. Sanggeus salat Jumaah, aya urang Jepang opatan ngabedega di pakarangan kobong Gunung Béntang. Bari neuteup sombong ka K.H. Zainal Mustafa, ngagupayan kawas ka badégana baé.

KH Zainal Mustafa nyampeurkeun. Dituturkeun ku parasantri jeung rahayat Sukamanah. Pok salasaurang Jepang téh pidato. Eusina nuduh KH Zainal Mustafa geus nyieun kajahatan, lantaran henteu nurut kana paréntah pamaréntah Jepang, sarta geus ngarampas senjata utusan Dai Nippon. Sangkan urang Sukamanah salamet, kudu mulangkeun senjata-senjata anu dirampasna téa, sarta masrahkeun pingpinan Sukamanah.

Ceuk Si Jepang deui, bangsa Indonésia teu meunang aya nu ngalawan ka bangsa Jepang anu kawéntar gagah. Malah, cenah, lamun aya hiji urang Jepang nu dipaéhan di Indonésia atawa di Sukamanah, gantina téh sarébu nyawa bangsa Indonésia. Ngomong kituna téh bari baragagah-bérégégéh, nganggap énténg ka nu aya di dinya.

Kawasna baé Panglima Najmudin geus teu sabar, pok ngajawab teugeug taya karisi, “Heug, kuring saréréa isukan rék indit ka Tasikmalaya, masrahkeun diri jeung senjata rampasan. Tapi sirah Tuan-tuan Nippon anu opat ieu kudu dikubur heula di Sukamanah pikeun gantina!”

Ngadéngé jawaban kitu, Jepang-Jepang téh ngarenjag. Tétéla, urang Sukamanah téh geus teu bisa disingsieunan. Geus lali rabi tégang pati pikeun ngabéla lemah caina. Ngadadak parias Si Jepang teh, nyaho pibahayaeun. Bari geumpeur buru-buru nyabut péstol.

Tapi teu bisa walakaya da dikepung ku urang Sukamanah. Si Jepang dikurubut. Tilu Jepang tiwas sapada harita, saurang deui bisa kabur bari tatu. Manéhna ménta bantuan ka pasukan Jepang, anu mémang harita keur di satengahing perjalanan ka Sukamanah.

Sukamanah saterusna mah dikepung ti tilu jurusan, ti beulah kalér, wétan, jeung kidul. Kabéhanana aya 11 kompi pasukan Jepang anu ngepung téh. Diwangun ku genep kompi pulisi istiméwa ti sakuliah Jawa Barat, dua kompi pulisi, dua kompi Héiho ti luar Jawa, jeung sakompi pasukan istiméwa Jepang: Jadi mangrupa serangan sabatalion lengkep.

Pasukan Jepang geus tepi ka Sukamanah. Pasukan Sukamanah ngagebeg. Lain pédah gimir. Tapi lantaran sadar yén Jepang geus ngagunakeun taktik adu domba. Tétéla, pasukan anu dikirim ku Jepang ka Sukamanah téh, lolobana mah bangsa urang-urang kénéh.

Pihak Sukamanah anu kapapancénan nyegat pasukan Jepang di hareup jadi asa-asa. Sababna, aya paréntah ti KH Zainal Mustafa sangkan nyingkahan silipateni jeung bangsa sorangan. Keur kitu, pasukan Jepang asup ka Sukamanah. Sarta teu tata pasini deui, némbakan pasukan Sukamanah anu lolobana mah ngan mawa pakarang basajan, saperti bedog, bambu runcing, tumbak, jeung batu.

Mimitina mah kawas taya nu ngalawan. Tapi barang pasukan Jepang geus deukeut, jlung-jleng pasukan Sukamanah laluncatan. Der perang, gelut raket adu hareupan. Terus maju teu maliré kana pélor péstol, bedil, jeung mitralieur. Perang ragot antara parapamuda welasan taun sarta rahayat biasa ngalawan pasukan Jepang nu geus biasa perang.

Sanggeus ampir dua jam, pasukan Sukamanah kadéséh, lantaran éléh loba jeung éléh tohaga senjatana. KH Zainal Mustafa katangkep. Rahayatna anu masih kénéh salamet dititah buru-buru kabur. Tapi hésé, lantaran Sukamanah geus dikepung ku pasukan Jepang. Lolobana mah katangkep sarta diborogod ku ranté.

Isukna, pasukan Jepang ngaranjah Sukamanah. Rahayatna ditangkepan, sakur kobong jeung imah diburak-barik. Méh sakabeh anak buah KH Zainal Mustafa katangkep sarta ditahan di Singaparna jeung Tasikmalaya. KH Zainal Mustafa dibui. Mimitina di Tasikmalaya, terus dipindahkeun ka Cipinang. Nepi ka ditibanan hukuman patina, tanggal 25 Oktober 1944.

Salengkepna......

IR. H. JUANDA KARTAWIJAYA

Pa Juanda téh pituin urang Tasikmalaya,
dibabarkeun kaping 14 Januari 1911.
Ramana Radén Kartawijaya, ibuna Nyi Momot.
Pa Kartawijaya téh guru HIS di Tasikmalaya,
HIS (Hollands Inlandsche School) téh
nyaéta sakola dasar tujuh taun
pikeun putra ménak pribumi.
Ari basa panganteurna ngagunakeun basa Walanda.

Basa yuswana tujuh taun,
Pa Juanda lebet ka HIS di Tasikmalaya.
Nanging ku margi ramana dialihkeun tugasna,
janten Kapala (Mantri Guru) HIS Cicaléngka,
Pa Juanda ogé ngalih sakolana ka Bandung.
Henteu ka HIS deui ngalihna téh,
tapi ka ELS (Europeesche Lagere School),
nyaéta sakola dasar pikeun urang Éropa.

Henteu unggal jalma bisa sakola ka ELS téh,
komo pikeun bangsa urang mah.
Salian ti kudu anak ménak téh,
kudu boga unteu anu pinter deuih.
Pa Juanda mah kaasup murid anu pinter,
malah di kelasna mah kaasup pangpinterna.
Ku pinter-pinterna Pa Juanda,
ti kelas 5 téh langsung naék ka kelas 7.

Satamatna ti ELS, Pa Juanda neraskeun ka HBS,
nyaéta sakola menengah pikeun bangsa Éropah.
Pa Juanda ditarima di HBS Bandung taun 1924.
Pa Juanda bisa ditarima di éta sakola,
lantaran niléy hasil ujianana alus pisan,
babakuna pangajaran ngitung jeung basa Walanda,
sarta meunang katerangan anu hadé ti guruna.

Satamatna ti HBS, Pa Juanda neruskeun kuliah
ka THS (Technische Hogeschool Bandung),
anu ayeuna jadi Institut Téknologi Bandung (ITB).
Harita mah carang pisan bangsa urang
anu bisa neruskeun sakola ka THS téh.
Komo deui ieu, Pa Juanda mah aya onjoyna,
meunang béa siswa ti pamaréntah.
Beu, kacida banggana atuh alam harita mah.

Harita mah langka pisan bangsa urang,
anu bisa neruskeun kuliah téh.
Éta wé anu bareng kuliah jeung Pa Juanda,
bangsa urangna mah ngan opatan.
Lolobana urang Walanda.
Pa Juanda tamat kuliahna taun 1933,
sarta nyangking gelar insinyur (Ir).
Harita yuswana nembé 22 taun.

Bérés kuliah, Pa Juanda mulih ka Cicaléngka.
Teras nikah sareng Bu Yuliana,
salasawios guru HIS Cicaléngka.
Boh Pa Juanda boh Bu Yuliana,
sami-sami putra mantri guru HIS.
Rumah tanggana éstu runtut-raut.
Nya kagungan putra lima:
istri opat, pameget hiji.

Harita téh nu disebut jaman malaise téa,
jaman ékonomi susah, pagawéan hésé.
Tampolana mah hasil sakola téh,
taya hubunganana pisan jeung pagawéan.
Harita Pa Juanda ogé kitu,
Padamelanana anu munggaran
nyaéta jadi guru di AMS jeung Kweekschool
Paguron Muhammadiyah di Jakarta.

Pa Juanda kénging padamelan di dinya téh,
ku pangdeudeul Pa Oto Iskandar di Nata.
Malah saterusna mah Pa Juanda téh
diangkat jadi diréktur di éta dua sakola.
Nya harita deuih Pa Oto mimiti mikawanoh
kana topék Pa Juanda dina ngokolakeun administrasi.
Malah saterusna mah Pa Juanda ku Pa Oto,
sering dilibetkeun kana kagiatan anjeunna.

Nalika taun 1934, Pa Oto Iskandar di Nata
kapeto jadi Ketua Umum Paguyuban Pasundan,
Pa Oto nunjuk Pa Juanda jadi sékretarisna.
Harita anggota Paguyuban Pasundan téh,
leuwih ti tilu ribu urang sarta boga 52 cabang,
anu sumebar di sakuliah Tatar Sunda.
Kagiatanana ngawengku widang atikan,
ékonomi, pulitik, jeung sosial budaya.

Harita mah Paguyuban Pasundan (PP) téh
mangrupa organisasi pergerakan nasional.
PP mindeng gawé bareng jeung organisasi
pergerakan nasional séjénna di nagara urang.
Malah PP ogé milu kana pilihan umum
pikeun nangtukeun wakil rahayat di Volksraad,
déwan rayat anu dibentuk Pamaréntah Walanda.
Ari anu harita kapilih jadi wakil rayat ti PP téh
nyaéta Pa Oto Iskandar di Nata.

Sanggeus genep taun babakti di sakola,
kakara Pa Juanda kénging padamelan
anu luyu sareng kaahlianana sabagé insinyur.
Taun 1939 Pa Juanda diangkat jadi tanaga ahli
di Jawatan Pengairan Provinsi Jawa Barat.
Sataun ti harita, Pa Juanda ngalih ka Bandung.
Anjeunna kapapancénan ngawangun sasak
anu meuntasan Walungan Citarum di Kedunggedé.

Taun 1942 tentara Jepang asup ka nagara urang.
Pamaréntah Walanda kadéséh ku Tentara Jepang.
Tapi saméméh ninggalkeun Bandung,
tentara Walanda ngancurkeun heula sasak tohaga,
anu diwangun ku Pa Juanda di lebah Kedunggedé.
Sanajan kitu, ari padamelanana angger di Bandung,
nyaéta di Jawatan Pekerjaan Umum Jawa Barat.
Pancénna ngaroris jalan, jambatan, jeung irigasi.

Dina jaman révolusi kemerdékaan,
ahir taun taun 1945, Bandung téh dibagi dua:
Bandung Kalér jeung Bandung Kidul,
watesna jalan karéta api anu aya di Kota Bandung.
Bandung Kalér dicangking ku tentara NICA,
ari Bandung Kalér dicangking ku Tentara Républik.
Kapaksa Pa Juanda ogé ti Ijzer Park,
anu kiwari katelah Taman Ganésha,
ka Situsaeur di wewengkon Bandung Kidul.

Kaayaan Bandung beuki harénghéng baé,
Pa Juanda ogé kapaksa ngungsi ka Tasikmalaya.
Tadina mah badé teras ngalih ka Yogyakarta,
sabab harita puseur pamaréntahan RI,
dipindahkeun ti Jakarta ka Yogyakarta.
Henteu cios ngalih ka Yogyakartana téh.
Ku margi anjeunna diangkat janten
Kepala Jawatan Karéta Api Nasional,
anu kantor puseurna aya di Bandung.
Nya Pa Juanda ogé ngalih deui ka Bandung.

Pa Juanda téh anu munggaran jadi
Kapala Jawatan Kareta Api Nasional,
sabada nagara urang merdéka.
Harita mah karéta api téh
mangrupa angkutan umum anu popilér,
tur dianggap kacida pentingna
Lain baé dipaké ku rahayat biasa,
tapi ogé dipaké pikeun kapentingan militer
jeung parapamingpin bangsa.

Tapi kaayaan karéta api jalan harita,
geus ramijud ti Jaman Jepang mula.
Gerbong-ger¬bongna kalotor jeung raruksak.
Lokomotipna réa anu mogok.
Erélna ogé réa anu bajréd,
loba sasakna anu runtag deuig,
pangpangna mah akibat tina perang.
Geus puguh lebah administrasina mah,
jajauheun kana bisa disebut tartib téh.

Acan polah panumpangna deuih.
Mun tumpak karéta api téh sangeunahna.
Pajejel, pinuh nepi ka hulu-huluna.
Loba anu dariuk di luhureun ger¬bongna.
Copét, bangsat, sarta anu baramaén
pagaliwota jeung panumpang.
Tah, Pa Juanda téh kapapancénan
kudu ngabebenah éta kabéh.
Kalawan wijaksana Pa Juanda mémérés
pasualan sabudeureun perkerétaapian harita.

Sikepna anu tenang, kalem, tapi tegas;
tétéla matih pikeun ngungkulan éta pasualan.
Karéta api eungkeut-eungkeut kana reugeujeug.
Atuh administrasina ogé mimiti tartib deuih.
Pa Juanda geus bisa ngahijikeun unit éksploitasi
Jawa Barat, Jawa Tengah, jeung Jawa Timur.
Saméméhna mah éta tilu unit utama téh,
miboga aturan séwang-séwangan,
anu sakapeung mah patojaiah pisan.

Ku lantaran dianggap suksés
mingpin Jawatan Karéta Api Nasional,
Pa Juanda diangkat jadi Menteri Muda Perhubungan,
anu garapan pokona ngabawah urusan karéta api.
Teu mangkuk sataun ti harita,
naék deui jabatanana jadi Menteri Perhu¬bungan.
Ayeuna mah teu ngurus kareta api wungkul,
tapi ngabebenah sakumna masalah perhubungan.
Jelas henteu gampang, jauh jeung ayeuna mah.
Jalan jeung jambatan loba nu ancur alatan perang.

Di dinya Pa Juanda ogé dianggap suksés,
terus diangkat jadi Menteri Pekerjaan Umum.
Pa Juanda ogé kungsi jadi Menteri Negara,
ditéma ku jadi Menteri Kemakmuran;
taun 1950 balik deui kana urusan perhubungan,
Pa Juanda diangkat deui Menteri Perhubungan,
Tah, harita muncul¬na istilah “Goyang Juanda” téh.

Caritana kieu:
Pikeun ngaronjatkeun ajen kareta api di urang,
Kementrian Perhubungan meuli lokomotip anyar,
lokomotip diesel éléktris, ti Jérman Barat.
Meuli erél anyar jeung gerbong-ger¬bong weuteuh.
Pokona mah tumpak karéta api alam harita,
leuwih geunah batan tumpak kandaraan séjénna.
Ku nu tum¬pakna, karasana téh asa diayun-ambing.
Nya muncul wé istilah “Goyang Juanda”.

Aya sawatara hasil padamelan Pa Juanda,
anu tapakna natrat nepi ka kiwari,
nalika anjeunna jadi Menteri Perhubungan.
Anjeunna naratas jalan sarta ngalaksanakeun
nasionalisasi sababaraha badan
atawa pausahaan nagara widang perhubungan.
Di antarana baé Jawatan Karéta Api, Damri,
Jawatan Pelayaran, PT Pelni, PT Jakarta Lloyd.
Pa Juanda ogé ngawangun sawatara palabuan.

Jasa Pa Juanda lianna anu teu laas ku mangsa
nyaéta ngadegkeun pausahaan penerbangan
Garuda Indonesian Airways (GIA),
mémérés jeung ngawangun lapangan terbang,
saperti Bandara Juanda di Surabaya.
Anjeunna ogé muka sakola pikeun penerbang,
Akademi Penerbangan Indonésia (API),
anu perenahna di Curug, Tangerang.

Tah, aya deui istilah “Gunting Juanda”.
Éta mah munculna téh waktu Pa Juanda
nyekel kalungguhan jadi Menteri Keuangan.
Duit téh, duit kertas, digunting jadi dua,
duit galabag harita mah disebutna téh,
maksudna pikeun ngungkulan inflasi,
lantaran kaayaan ékonomi nagara urang,
keur meujeuhna ripuh alatan inflasi.
Inflasi téh, duit anu ngurangan pangajina.


Pa Juanda meunang jujuluk Menteri Maraton.
Ari sababna, ti taun 1946 nepi ka wapatna taun 1963,
Pa Juanda méh terus-terusan jadi menteri.
Sakali jadi Menteri Muda, opat belas kali jadi Menteri.
Éta téh lain jadi menteri dina widang anu sarua.
Upamana baé Menteri Perhubungan, Menteri PU,
Menteri Negara, Menteri Kemakmuran,
Menteri Negara Urusan Perencanaan,
Menteri Keuangan, jeung Perdana Menteri
ngarangkep Menteri Pertahanan.
Pa Juanda henteu jadi mentrina téh
dina Kabinet Ali, taun 1953-1956.
Harita Pa Juanda mingpin Biro Perancang Negara.
Anu ayeuna jadi Bappenas di tingkat nasional,
Bappeda di tingkat provinsi jeung kabupatén.
Pikeun jadi stafna, Pa Juanda milih nu ngarora,
di antarana Émil Salim jeung Wijoyo Nitisastro,
anu harita masih kénéh mahasiswa.

Di éta biro, Pa Juanda jeung stafna nyusun
Rancangan Undang-Undang ngeunaan
“Rencana Pembangunan Lima Taun” jeung
“Garis-garis Besar Rencana Pembangunan Lima Taun”,
anu kungsi populér disebut Repelita téa.
Pangwangunan téh dirarancang lima taun-lima taun,
anu terus nyambung nepi ka tujuanana kahontal,
henteu kapegat ku bagantina pamaréntahan.

Aya deui leuwihna Pa Juanda ti nu séjén téh,
nyaéta Pa Juanda mah menteri nonpartéy.
Hartina, jadina menteri téh henteu karana
ngawakilan salasahiji partéy pulitik
atawa salasahiji golongan pulitik.
Padahal, harita umumna nu jadi menteri téh
mangrupa wawakil atawa utusan
salasahiji partéy pulitik atawa golongan.
Mémang harita di urang téh loba partéy.
Nepi ka aya puluhna atuh, cara ayeuna wé.

Jaman harita mah kabinét téh
tara aya nu bisa tahan lila.
Paling lila tilu taun, malah nu tilu bulan gé aya.
Ari nu jadi sababna, nyaéta pacéngkadan
antara hiji partéy jeung partéy lianna.
Puncakna dina taun lima puluhan.
Loba golongan anu baruntak,
lantaran teu sugema ku pamaréntah.
Nepi ka Présidén Soekarno kudu ngémbarkeun
yén nagara aya dina kaayaan bahaya perang.

Taun 1957, Pa Karno ngumumkeun susunan kabinet.
Pa Juanda kapeto jadi Perdana Menteri.
Tétéla, meunang pangbagéa ti sakabéh golongan.
Ari sababna, kahiji Pa Juanda mah nonpartéy,
jadi bisa ajeg di sakabéh golongan.
Kaduana, Pa Juanda geus boga pangalaman,
jadi menteri dina sawatara kabinét.
Katiluna, teu kalibet dina pacéngkadan partéy pulitik.
Kaopatna, boga sikep démokratis, jujur,
sarta geus kauji kasatiaanana ka nagara.

Kabinétna disebut “Kabinet Karya”.
Anggota kabinétna dipilih
dumasar kana kaahlianana dina widangna.
Jadi, henteu dipilih dumasar kana
jatah partéy politik anu harita aya.
Kabinét Karya anu dipingpin ku Pa Juanda,
bisa disebut kabinét anu panjang umurna.
Henteu runtag di tengah jalan
saperti kabinét nu enggeus-enggeus.

Salian ti éta, Pa Juanda ogé dipercaya
ngarangkep jadi Menteri Pertahanan deuih.
Mangkaning kaayaan nagara urang
harita téh keur meujeuhna riweuh.
Ampir dina sagala widang éta téh.
Dina widang ékonomi keur meujeuhna werit.
Dina widang politik teu weléh riributan.
Malah aya pihak-pihak ti sawatara daérah,
anu hayang misahkeun diri ti Nagara RI.

Di satawara daerah timbul babaruntakan,
Pemberon¬takan PRRI/Permesta di Sumatra
mareng jeung pemberontakan di Sulawesi Utara.
Atuh di urang di wewengkon Jawa Barat,
gorombolan DI/TII pingpinan Kartosuwiryo,
terus ngaganggu kaamanan di mana-mana.
Gorombolan keur meujeuhna ngagalaksak,
ngaranjah jeung ngahuru imah-imah rayat.
Pilemburan jadi henteu aman,
loba rahayat anu katalangsara.

Di luar Jawa ogé teu kurang-kurang,
anu baruntak hayang nyieun nagara sorangan.
Kahar Muzakkar di Sulawesi Selatan,
Daud Beureuh di Acéh, Ibnu Hajar di Kalimantan,
sarta sésa-sésa RMS di Seram, Maluku.
Kalawan tegas Pa Juanda ngungkulan éta masalah.
Babarengan jeung Kepala Staf Angkatan Darat harita,
Mayjén Abdul Haris Nasution,
Pa Juanda ngayakeun “Operasi Merdéka”.
Hiji-hiji gorombolan karaman téh ditumpes.

Can gé réngsé numpes karaman,
geus datang deui masalah séjén,
masalah nu teu éléh banggana.
Masalah anu nangtukeun paéh hirupna
Nagara Kesatuan Républik Indonésia.
Pa Juanda kudu nyanghareupan
pacéngkadan pulitik jeung idéologi di Konstituante.
Éta pacéngkadan téh sumarambah ka masarakat
anu ngalantarankeun kaayaan jadi harénghéng.

Éta masalah téh kudu diungkulan.
Sanggeus ngimeutan kaayaan
sarta konsép-konsép anu aya,
Pa Juanda nepi kana kacindekan,
pikeun ngaréngsékeun éta masalah,
kudu balik deui kana UUD '45.
Idé Pa Juanda disaluyuan ku Presidén.
Diasongkeun ka sidang Déwan Mentri
jeung paraanggota kabinét lianna,
kabéh euweuh anu henteu satuju.

Tah, idé Pa Juanda éta anu engkéna
jadi 'Dekrit Présidén tanggal 5 Juli 1959' téa.
Malah Pa Juandana ogé milu nyusun éta dekrit.
Dekrit eusina anu nétélakeun,
yén undang-undang nagara urang
balik deui ka UUD'45 ti UUD-Sementara.
Sabada kaluarna éta dekrit,
pacéngkadan pulitik jeung idéologi,
pikeun sawatara lilana bisa kaungkulan.

Isukna, Kabinét Karya dibubarkeun.
Dibentuk deui kabinét anyar,
anu disebut “Kabinét Kerja I”.
Dina éta kabinét anyar téh,
Pa Juanda kapeto jadi Mentri Pertama
ngarangkep jeung Mentri Keuangan.
Kalungguhan Mentri Pertama téh,
aya di saluhureun Perdana Mentri.
Éta téh minangka jabatan mentri pamungkas
anu dicangking ku Pa Juanda.

Nalika Pa Juanda jadi Mentri Pertama,
anjeunna anu kagungan gagasan
ngeunaan tapel wates nagara di laut,
anu kiwari katelah Wawasan Nusantara.
Éta gagasan téh muncul dumasar kana
kasang tukang papaséaan soal Irian Barat.
Kabinét Juanda palay ngarobih undang-undang
anu ngatur laut Indonésia warisan Walanda.
Nya hasilna ngawujuf jadi Déklarasi Juanda,
anu diaku ku hukum internasional.

Tayohna ku margi capé teuing,
ku margi seueur teuing pancén garapanana,
katambih-tambih sering pabéntar paham,
boh sareng papada mentri deui,
boh sareng pajabat nagara lianna,
kalebet sareng Présidén Soekarno,
Pa Juanda katarajang kasawat jantung.
Nya ahirna mah, dinten Kemis wengi,
tabuh 01.00, kaping 7 Nopémber 1963,
Pa Juanda Kartawijaya ngantunkeun.

Pikeun ngahormat kana jasa-jasana,
dina tanggal 23 Nopémber 1963,
Ir. H. Juanda Kartawijaya diangkat ku pamaréntah,
jadi Pahlawan Kemerdekaan Nasional.
Tapi upama nilik kana ketak jeung hasilna mah,
Pa Juanda ogé pantes meunang sawatara pangajén,
anu patali jeung widang garapanana di pamaréntah.
Pa Juanda pantes upama disebut Bapa Karéta Api,
pantes deuih upama disebut Bapa Pangwangunan.

Salengkepna......
 

© Free blogger template 3 columns